Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

III.


FRAGMENTEN.




A.

§ 1. Bismilahi ‘rrahmani ’rrahimi. Wabihi nasta’inoe billahi. Iju hikajatna Djohar Manikem. Djung ka Goesti Allah Ta’ala, anoe luwih agoeng sareng luwih moelja, enggon kaoela njoehoenkun toeloeng, sinedja rék njarijoskun tjarijos Poeteri Djohar Manikem, poeterana Soeltan Haronoe’rrasid, djoemeneng Soeltan di nagri Bagedad, langkoeng-langkoeng tina kaadilannana, sareng tina kaalimannana, sareng kamoerahannana. Lawas ti lawas Soeltan Haronoe’rrasid djoemeneng Soeltan di nagara Ragedad, katjarijos kagoengan poetera doewa, pameget hidji, isteri hidji. Ari pangsepoehna, pameget, dingaranan Séh Djaadah; ari boengsoena, isteri, dingaranan Djohar Manikem. Eta katjarijoskun koe noe kagoengan tjarijos iju, ngaranna Poeteri Djohar Manikem, éta tjarijosna isteri. gulis kawanti-wanti, nja éndah kabina-bina. Hentu aja anoe ngabandingan dina kagulisannana; sareng tjahajana terang kabina-bina, saperti tjahaja boelan tanggal opat-belas. Ukur gulis, tambah berilmoe, sareng luwih alimna, djung