Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
17

luwih hormatna ka iboe ramana sareng ka sadèrèkna, djung njaahan ka baris badèga-badega, soemawona ka baris pangampih-pangampih: sakoer aja karabat-karabat. Kitoe éta tjarijosna.

§ 2. Ari gus kitoe lawas-lawas Soeltan Haronoe'rrasid rek angkat ka hadji, ka bėt-alharam. Gus sadija bekelna: aja panginten opat poeloeh onta, anoe moewat dinar emas pèrak, sareng bekelna saniskanten adat bijasana bekelunna. Ari anoe ditjandak, isterina sareng poeterana anoe pameget, ngaranna Sèh Djaadah. Ari poeterana anoe isteri, ngaranna Djohar Manikem, hentu ditjandak, dipiwarang noenggoean kadjoewaran Radja. Ari perkara sagala parèntah hoekoem nagara diserahkun ka Panghoeloe. Demi gus kitoe toeloej Radja barangkat ka hadji. Hentu ditjarijoskun lilana di djalanna. Toeloej soemping ka hadji. Ari waktoe harita mendakan hadji akbar pada taoen harita. Toeloej Radja ngoetjapkun: Alhamdoe lillahi, Rabbi'l'alamína, oerang mendakan hadji akbar, sareng ningali djaadahna masih suur. Toeloej Radja ngalahir ka guruwana: Hadè oerang noenggoe hadji sataoen dui, karana djaadah oerang loba kènèh. Ari lahir guruwana: Kabèh-kabèh hentu ngalalangkoengan adjengan. Toeloej ngalahir dui Radja: Hadè oerang ngiriman soerat baé ka Bagedad. Toeloej Radja njerat: Salam doe'a kaoela ka Panghoeloe di nagara Bagedad. Ari mangsa ajuna masing hadè-hadé ngarawatan nagara, oelah sambèwara; djung hadè-hadė nja ngadjaga karaton: karana kaoela moal waka moelang, karana rèk noenggoe hadji sataoen dui. — Toeloej soerat dikirimkun ka Panghoeloe; toeloej ditarimana serta dibatjana. Demi Ki Panghoeloe gus matja soerat, toeloej ngadjadjah nagara. Demi datang kana hidji waktoe, toeloej èta Panghoeloe ngalanglang ka lebet. Toeloej datang hidji sètan asoep kadjero badan Panghoeloe, ngagoda, soepaja djadi soesah hatèna Panghoeloe, serta pikirna: Èta poetera Radja gulis temen serta ngaranna Djohar Manikem: tjoba rèk ditanjaan; soegan-soegan daèkun. Toeloej Panghoeloe mènta moeka panto ka panoenggoe lawang. Toeloej ngomong toekang lawang: Saha èta

2