Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18

tjetjeloekan diloewar lawang puting-puting? Toeloej němbalan èta Panghoeloe: Aing Panghoeloe, karana rèk asoep kadjero, karana aing dipiwarang koe Radja ngalanglang. Toeloej diboeka pantona, toeloej asoep kadjero.

§ 3. Ari kasampak Poeteri Djohar Manikem ukur salat isa. Toeloej Panghoeloe njalindoeng di balik panto, karana tjaang koe tjahaja damar palita istolop: sakoerilingna disungutan lampoe istolop, karana koemaha bijasa adat di boemi radja. Demi enggus Poeteri Djohar Manikem salat isa, toeloej ngarèrèt kapoengkoerun, ningali aja anoe ngabelegedeg nangtoeng di balik panto. Toeloej Poeteri matja ta'woed serta matja ajat korsi, maroekankunnana sètan, hentu kènèh baé lungit, serta pikirna: Naon èta, djin atawa sétan? Karana lamoen sètan, tantoe murun njingkir sijunun. Karana lamoen djelema, moal enja aja anoe wani asoep boeta toeli, sawab hentu munang sambarang-barang djelema asoep kadjero: saperkara, didjaga. Toeloej Poeteri Djohar Manikem ngalahir: Saha manéh? Toeloej ngadjawab Panghoeloe: Kaoela Panghoeloe, hajang rèk nanjaan Njai Poeteri; karana kaoela gus hentu ngunah njatoe, tu ngunah nginoem, inget ka Nji Poeteri. Ari lahir Nji Poeteri: Naha mana kitoe lalampahan manèh? Hentu pantes katjida lampah manèh. Kangaranan sahidji Panghoeloe, rék ngalampahkun djinah. Èta pagawean dilarangkun Allah Ta'ala. Naha hentu sijun koe Allah Ta'ala, hentu sijun koe Goesti Rasoeloe'llah, mana kitoe kalakoean sahidji Panghoeloe? Ari kaoela mah luwih sijun adjrih koe Kangdjeng Nabi Moehammad. Karana pagawéan di larang koe Goesti Allah Ta'ala dina djero Qoer'án: Walá taqrabboe' zziná; innahoe kána fahhisjatan wasa'a sabilan. Djung dui bapa kaoela gus ngirim soerat ka sampéan, miwarang hadė-hadė ngarawatan nagara, serta mihapékun kaoela serta pasarean Radja. Ari ajuna woeri-woeri rèk ngalampahkun pagawéan, noe dilarang koe Sara'.

§ 4. Demi Panghoeloe ngadéngé kaomongan Poeteri Djohar Manikem, kaèraan; toeloej harita kénéh toeroen. Toeloej balik ka imahna, serta pikirna: Lamoen kiju pelana, luwih