Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
19

hadě ngiriman serat ka Radja. Toeloej noelis, ari oengelna: Serat moegi kasanggakun ing pajoenan Kangdjeng Radja Haronoe'rrasid ing Mekah. ― Kaoela-noen. Ari perkawis adjengan miwarang marèntahkun paréntahan negara, soemoehoen, berkat gamparan, sapiwarangan, soemoehoen, gus kalampahkun pisan. Ngan saperkawis abdi gadoeh oendjoekan. Dinten kala mangsa abdi ngaronda, kang poetera, Poeteri Djohar Manikem, miwah manahna ka datang ka nanjaan ka abdi, bogohun. Koe sabab èta abdi kebat-kebat njanggakun serat ka gamparan, kaoela-noen.

§ 5. Gantjangna éta serat nepi ka Mekah. Toeloej ditjandak koe Radja serta diaos. Demi enggus diaos èta serat, maka Radja bendoe, lain kaoelinan, serta toeloej njaoer poeterana Sèh Djaadah, serta maparinkun hidji sekin, soengkelang Radja lahirna ka poeterana: Ajuna ogè moedoe moelang ka Bagedad, serta moedoe paèhan adi manèh Djohar Manikem, karana ngawiwirang, matak burum bungut. Toeloej Sèh Djaadah njandak sekin, harita kènèh njembah, toeloej lumpang ka Bagedad, lumpang burang puting. Hentu ditjarijoskun lilana di djalan. Toeloej soemping ka nagara Bagedad; toeloej asoep kadjero, nepangan rajina Djohar Manikem: Toeloej Poeteri Djohar Manikem ningali rakana soemping, soeka-boengah katjida manahna, bari ngoetjapkun: Alhamdoe lillahi, Rabbi'l'alamína, dipanggihkan dui djung doeloer; karana sono katjida, lawas patinggal djung doeloer. Sèh Djaadah toeloej ngalahir: Kakang tjapè katjida, karana djaoeh: kakang hajang sarė sakedap. Lahir Poeteri Djohar Manikem: Akang sare dukut kang raji, bari disaliksik. Toeloej Sèh Djaadah sarè. Ari tanghi mentas sarè, Poeteri Djohar Manikem ngomong: Akang, soemangga gura abdas; soemangga oerang salat. Toeloej Sèh Djaadah woeloe. Demi enggus, toeloej sembahjang loehoer, djadi imam. Ari enggus salat, toeloej Poeteri Djohar ngomong: Akang, koering hajang sarė sakedap di lahoenan akang. Lahir Sėh Djaadah: Soemangga. Toeloej sare di lahoenan rakana, tibra katjida sarena.

§ 6. Toeloej Sèh Djaadah narik sekin, toeloej dipindahkun