Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
20

kana anggel mastakana Djohar Manikem serta mikir: Karoenja tuing doeloer aing, lamoen dipuntjit. Lamoen koe aing hentu dipaéhan, tantoe doraka ti rama murun, karana haroes ditoeroet parèntahna. Toeloej munang pikiran, diboekakun akalna. Toeloej moeka sorban, dipaké toetoepan bungutna, karana soepaja oelah katèndjo bungut doeloerna. Maka takdir Allah Ta'ala datang sahidji putjang, njampurkun serta omongna: Iklas temen Radja Haronoe'rrasid: anak awèwè ngan sahidji rèk dipuntjit, hentu karana dipariksa hula dosana. Koerang temen adil Radja Haronoe'rrasid, anakna sorangan rèk dipuntjit, hentu karana djung dosana. Luwih hadé buhung aing ukur ganti buhung Djohar Manikem. Barang Sèh Djaadah narik sekin kana buhung adina, toeloej kuna buhung putjang, paéh di sisi buhung Nji Poeteri. Barangna diboeka toetoep bungutna, ana didjuung, aja putjang di sisi buhung adina, gus bunang muntjit. Maka Sèh Djaadah ngahoeleng sabaraha lilana, hèran mikir kawasa Allah Ta'ala, adjaib ningali koedrat Allah soebhanahoe wata'ala. Sèh Djaadah mikir didjero manahna: Ari perkara doeloer aing, hentu salah, bener katjida, tatapi kuna pitenah Panghoeloe ogè doeloer aing. Hadè koe aing rèk diomongkun, enggus waè dipuntjit.

§ 7. Toeloej Sèh Djaadah harita kènèh moelang dui ka Mekah. Gantjangna Séh Djaadah di djalan. Toeloej soemping ka Mekah, serta disanggakun sekin ka ramana, masih pinoch koe getih. Toeloej ditjandak koe Radja serta ngoetjap: Alhamdoe lillahi, Rabbi'l'alamina, lungit kaèra kaoela. Ari Sèh Djaadah hentu tjatjarita kitoe kiju waktoe harita. ― Alkisah. ― Maka ditjarijoskun koe noe kagoengan tjarijos iju, barangna tanghi Poeteri Djohar Manikem, mentas sarè, ditingali sadèrèkna gus hentu aja. Ana ngarèrèt kagigirunnana, aja sahidji putjang dipuntjit, paéh ngadjoprok. Maka Djohar Manikem ngarandjoeg, hèran serta mikir: Ari aing tajoh kuna pitenah Panghoeloe ka bapa aing, dititah doeloer aing muntjit. Maka Poeteri Djohar Manikem luwih wirangna. Lamoen kiju mah, atoerannana, luwih hadè aing kaloewar