Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
21

ti nagara iju; luwih hade mitjun manéh. Toeloej harita kẻnėh Poeteri Djohar Manikem kaloewar, lumpang, asoep luwung kaloewar luwung. Toeloej Djohar Manikem manggih hidji taman ditengah tanah lapang, nja èta taman ramana. Ari didjero taman aja hidji émpang-empang djung hidji tangkal mandaroesa. Didinja Djohar Manikem mitjun manèh, ibadah burang puting; hentu aja waktoe kaliwat, serta tatapa sababaraha lilana.

§ 8. Alkisah. ― Katjarijoskun di nagara Dimsik aja hidji Radja, luwih bunghar serta alim djung adilna, serta moerah ka sagala pekir miskin, djung dui luwih banget ibadatna, serta ukur mudjuhna anom, djung luwih kakasèpannana, hentu aja bandingannana didjero nagara Dimsik, serta tatjan kagoengan guruwa, masih kènèh boeboedjangan. Ari kasoekaannana ngan moro oentjal ka luwung. Demi gus koempoel pamatang-pamatang, toeloej barangkat ka luwung paranti moro. Sababaraha lilana hentu naon-naon, oelahmoen kidang, mendjangan, sagala binatang luwung, hentu manggih kadal-kadal atjan. Ka datang ka teroes ka luwung Bagedad diloewar nagara, maka Radja Sèh Djohan mabok panas liwat langkoeng, hentu tahan koe panas; hojong ngaluut tjai atah, hentu aja, dina kendi gus kosong: luwih dahgana. Toeloej mariksa ka laskarna: Tjing, manèh soegan nundun tjai; aing mènta, hajang nginoem barang sautik: mangkė koe aing dibéré harta djung dibèrè nagara sahandapun aing. Toeloej njembah sahidji laskar -ngaranna Israil: Nja, Goesti, soemangga, abdi rèk nějangan tjai: soegan manggih. Toeloej Radja maparinkun kendi emas; toeloej Israil lumpang nèjangan tjai. Toeloej Israil njuung aja hidji tangkal kajoe gedė, toeloej disampurkun. Barangna nepi kana sahidji kajoe, aja sahidji èmpang dina handapun kajoe mandaroesa, luwih hèrang serta tiis katjida. Maka Israil njuung dina loehoer kajoe aja hidji Poeteri, luwih gulis, wani hèran Israil njuung isteri sakitoe gulisna. Toeloej Israil ngoeloek salam serta njoehoenkun tjai. Ari lahir Nji Poeteri: Kop waé ngala sorangan. Toeloej Israil ngerebekkun kendina. Demi gus