Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
22

pinoeh, toeloej Israil pamitan, serta gantjang-gantjang balik ka enggonna. Barang nepi toeloej disanggakun; toeloej Radja ngaluut, luwih raosna serta tiis. Toeloej Radja ngalahir: Timana manèh munang tjai, tiis temen serta raos kabina-bina, karana kakara aing nginoem tjai sakitoe ngunahna. Toeloej njembah Israil: Noen, Radja, ari abdi manggih aja sahidji taman; ari didjero taman aja hidji tangkal kajoe, dina handapun aja èmpang. Ari dina loehoer kajoe aja hidji isteri, luwih gulis: tjatjakan abdi ogè kakara manggih isteri sakitoe gulisna; dikinten di nagara Dimsik moal aja bandingannana. Toeloej Radja ngalahir dui: Nja, kitoe karah hentu inanèh bohong? Maka njembah Israil: Hentu pindo damel, noen. Toeloej Radja ngalahir: Israil, lamoen kitoe, hajoe jung aing, oerang tèjang. Toeloej njembah Israil: Lamoen djengan rèk loengsoer, oelah njandak loba-loba pangiring; djung abdi baé, sawab lamoen njuung djelema loba-loba, tantoe murun sijunun, noen. Ari gus kitoe toeloej Radja angkat kadoewa Israil ....... Ari gus kitoe toeloej Radja Sèh Djohan moeka kawaj, toeloej dipaparinkun ka Poeteri; toeloej dianggo toetoepan mastakana, serta toeloej dipangkoe, ditoenggangkun kana koeda, toeloej baè dibawa moelih ka nagara.................................

§ 9. Ditjarijoskun dui gus sababaraha lilana Poeteri Djohar Manikem kagoengan tjarogè di nagri Dimsik ka datang ka kagoengan poetera tiloe, pameget waè, serta luwih karasèp, luwih tarerang tjahajana, saperti anak-anakan emas roepana, djung parangina luwih saè. Maka iboe-ramana luwih njaah serta luwih atoh kagoengan poetera, luwih karasèp katjida, saperti djambè dibulah doewa roepana, atohna saperti kagoengan sagoenoeng inten..................

§ 10. Toeloej Radja loengsoer ti pantjalikannana, asoep ka boemi, njampurkun guruwana. Toeloej mariksa ka guruwana bari nangis: Koe naon njai nangis? Naon kasalahan akang? Koerang roepa, atawa koerang bunghar, atawa koerang bangsa, atawa koerang adil? Toeloej Poeteri ngalahir: Noen, akang, koering téh kur oelin djung poetera