Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
23

adjengan, djadi köering inget ka iboe sareng ka ama. Lamoen ningali koering gus gadoeh anak témah, tambah-tambah temen njaahunnana ka koering. Murun koe sawab èta noe matak koering tjurik tėja mah, noen: lain koering tjurik koe sawab aja kakirang. Hentu pisan aja kakirang: roepa akang saperti roepa Nabi Joesoep; ari kakajaan adjengan saperti Nabi Soelèman, kaadilan adjengan saperti adil Radja Nasaroen, bangsa adjengan saperti bangsa Rasoeloe'llah. Sahidji perkara taja pisan tjelana atawa tjatjadna, ngan sakitoe noe matak dipakė tjurik tèja mah, inget ka iboe. Toeloej Radja ngalahir: Aja bèdjana karah iboe rama kang raji? Saha ngaranna, atawa nagarana dimana?.................

§ 11. Katjarijoskun aja hidji oerang Banggala, datang serta ngiringkun tanggoengan minjak, poelang dagang ti nagara Dimsik. Barang nepi kana handapun kajoe, toeloej urun, omongna: Hè batoer-batoer, arurun kabèh: oerang arurun hula, ngadagoan burang. Toeloej arurun dihandapun tangkal kajoe. Waktoe harita tjaang boelan kawas ti burang. Ari Banggala toeloej panganggoeran tanggah kaloehoer: ana njuung aja hidji awèwè. Banggala kagèt serta omongna: Naon èta diloehoer? Koenti, atawa djoerig, atawa djin? Toeloej ngomong Poeteri Djohar Manikem: Kaoela djelema. Ari Banggala atohun katjida. Toeloej ditoempakkun kana koedana, toeloej dibawa ka nagarana, toeloej baé diasoepkun kana gedongna..............

§ 12. Toeloej Hasaroen asoep ka kampoengna oerang Banggala, toeloej doemadakan pareng asoep ka kampoengna Banggala, noe mawa djoeragannana. Toeloej Hasaroen urun diharupun imah Banggala. Pareng Toewan Poeteri noong tina djandėlana, katėndjo aja Hasaroen. Toeloej digero-gero koe Nji Poeteri doewa tiloe kali, kakara ngalijuk. Toeloej dipariksa: Naha, Hasaroen, ditjeloekan hantu nėmbalan? Noen, koering tèh hentu njana adjengan noe njaoer tèh, noen. Timana manèh, rèk kamana? Toeloej Hasaroen njembah: Noen, koering téh dipiwarang koe raka adjengan nèjangan adjengan; malah-malah raka adjengan ogé gus