Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
26

sapasang: resep pianakun, krana kuung, taja rèntjang. Tidinja diginoeloeran koe noe Kawasa èta poedak sakembaran djadi doewa manoesa, sahidji lalaki, ari hidji awèwè. Ari roepana noe lalaki pandjang harigoena; saoemoer-oemoerna hentu něndjo tanuh, koe sabab kapindingan koe harigoena. Ari anoe awèwè, pandjang tarangna; saoemoer-oemoerna hentu néndjo langit, sabab kapindingan koe tarangna.

§ 2. Tidinja Nji P. W. M. neda dui ka noe Kawasa: Iju doewa baroedak gus tetep djadi anak kaoela, serta kaoela moedji soekoer ka noe Kawasa, ka Batara Hijang Bajoe. Ngan saperkawis kaoela bingoeng: samangsa njeloekan baroedak, diseboet indji oetoen baè; moegi ajuna neda pingaranunnana. Tinja aja sowara, tu katèndjo noe njaoer, tajoh kasaoeran Batara Hijang Bajoe; ari pok-pokannana: Nji Pohatji, kami mèrè pingaranun èta boedak, anak manèh; dimi èta anoe lalaki ngaranna Mandjor, dimi èta anoe awèwè ngaranna Nji Gendroek. Serta iju boedak doewa naon baé, sakarep-karepna, poma koe manéh oelah dipoengpang, koedoe toeroetkun bae.................

§ 3. Tidinja Mandjor asoep ka boemi, njampurkun ka iboena; ari tjarèk Mandjor ka iboe: Koering ajuna neda widi ngalalakon, rèk njaba ka Tatar pasagi tampingan Tanah wétan; kaoela arék nějangan lalakon. Ari saoer iboena: lladé, oedjang, bral baé, djung dui, koemaha Nji Gendroek, dibawa atawa moal? Ari tjarèk Mandjor: Iboe, Nji Gendroek bakal dibawa baé kamana-mana ogé, moal kari. Tidinja bral lumpang padoedoewaan, lumpangna saparan-paran, hentu poegoeh noe didjoegdjoeg, tu permana noe ditèjang; toeroen goenoeng, oenggah goenoeng; njorang luwung ganggong sima gonggong, luwung sing soemenem djati. Doeg soemping ka patapan Tjadas Ngampar: brak tapa di Tjadas Ngampar, dina tengah-tengah luwung pisan, tu kasorangsorang koe manoesa. Toenda tjarita noe tapa, mengkè murun kaseboet dui.....................

§ 4. Ari tjarék Mandjor: Eh, aki, kaoela mah tu boga lemboer, tu boga indoeng bapa; ngan iju nja baraja, doeloer