Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
27

awèwè sahidji. Ari ngaran kaoela noe kasép boedak Mandjor, dimi iju doeloer kaoela noe gulis Njai Gendroek. Ari noe disedja koe kaoela, manawa katampa, koela sedja rėk ngaboedjang ka aki: loemajan baé kaoela poerah oelin, digawė hentu bisa. Ari tjarèk aki: Ari kaoela, agoes, koerang pertjajana, krana roepa sampéan djiga kitoe, moal djoerig, moal kèlong. Ari tjarék Mandjor: Bo, aki, éstoe kaoela manoesa sadoewana ogé. Trodjol nini bidjil ti imah: Aèh, aki, tampa guwat sok ras ka impian oerang tėja, ngimpi kadatangan bentang sakembaran. Tjarék aki; Bo, enja atoeh, nini: oerang akoe anak baè....................

§ 5. Ajuna oerang tjaritakun di dajuh Koeta Haralang; ari noe boga nagara Papatih Gadjah Hambalang. Kotjapkun di dajuh Koeta Haralang Papatih Gadjah Hambalang, kotjap bengis ka abdi, taja timbangan. Arina maréntah saketjap kadoewa tangkoerak. Ari sadèrèkna ngaranna Koeda Pamekas; tatapi samangsa harita tu aja di nagara: manéhna gus boeboedjang di nagara Koeta Tandingan, boga karep rèk èwèan ka Nji Soemboel Agoeng, sadèrèkna Papatih Lajoeng koe mendoeng. Ari di djaman harita Papatih Gadjah Hambalang burang puting, noe dimongmong, noe diuguh-uguh, taja lijan ngan sadèrèkna anoe istri, noe ngaranna Atji Panggalang, noe gus kotjap gulis. Ari sapopoè gawèna ninoen bae, djung naon baé, sakahajangna koe sadérék tu dipoengpang.

§ 6. Kotjap dui Kai Mandjor, noe tapa di pipir luit. Ari pok-pokannana: Aduh, Nji Gendroek, lamoen kiju baè mah, oerang hamo boga lalakon: Bédjana aja awèwè gulis di dajuh Koeta Haralang: kun, koe akang rèk diwisajaan............

§ 7. Bral aki ka dajuh. Barang gus nepi kapajoenun Gadjah Hambalang, toeloej disanggakun, top ditjokot: dibilang monjèt, tjoempon lima-welas; dibilang djaralang, tjoempon lima-welas; dibilang loetoeng koerang hidji. Segor baé Gadjah Hambalang, bendoe ka aki, bari njaoer si lèngsèr, pok-pokannana: Lèngsèr, batjot sija andjing, kadiju, mangka dukut; ringkoes tjokor aki panoeloep, puntjit, pakè ngadje-djegan loetoeng. Ari tjarèk aki: Djoeragan, mangkè hulaan: