Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
28

prakara loetoeng koerang hidji, dihakan koe anak koering. Eta baé top anak koering, pakè ganti, Si Mandjor rudjung Nji Gendroek. Ari tjarèk Gadjah Hambalang: Léngsér, rawat anak aki. doewannana; belenggoe koe sija, bawa kadiju ka aing. Barabat si lèngsèr loempat, goebag-gabig djung gegendir. Soemping damping, dongkap datang ka boedak Mandjor. Djol gaproek, dibelenggoe doewannana, toeloej dibawa ka dajuh, disanggakun ka Patih Gadjah Hambalang. Toeloej dipariksa, kasaoeran Gadjah lambalang: Èh baroedak, koe naon sababna sija mangka lantjang wani-wani njatoe loetoeng kagoengan? Ari tjarék Mandjor: Sim koering tu roemaos neda loetoeng kagoengan mah; hadas loetoeng poen aki panoeloep koering trima pisan, sababna, ajana di imah aki, sarta bunang aki sorangan ngala. Ajuna kaseboet loetoeng kagoengan. Rasa-rasa koering ngaduhus ogė kakara ajuna, asana tatjan wani-wani tjanar-tjonor, boes ka dapoer gamparan atawa ka boemi gamparan, soemawon, moen njakat-njokot, asa tatjan milampah kitoe....................

§ 8. Katjarita ratoe di nagara Padjadjaran,; noe djenengannana Praboe Siliwangi, soegema tu kira-kira, buhngar toer adil, kaimpoengan koe rahajat. Ari anoe katjarita, aja poetrana sahidji, noe luwih dipikanjaah, ngaranna Ratoe Soengging Wila mantri kasirigan moending wangi. Kira-kira enggus sedeng balèg, hatoeran ka ramana, jèn ajuna koering njoehoenkun widi kang rama; ajuna koering rék diadjar ngoembara ka Tatar pasagi wètan, rèk nèjangan piguruhaun: soegan munang lalakon. Ari saoer ramana Praboe Siliwangi: Hadě oedjang; gura ngoembara, tapi regepkun piwoeroek ama. Ari di gusan ngoembara oelah matak tjoewa piriboemi, oelah roemasa mènak: kamènakan moal soeda, kamantrian moal lungit. Koedoe bisa titip diri, koedoe bisa merenahkun awak; ari lakoe-lampah koedoe bisa ngoengang-ngoengang. Moen ngomong, oelah lamopok baé: koedoe nimbang-nimbang ka salira, nimbang ka noe rèk dibawa ngomong; koedoe seregep hade boedi. Sakitoe piwoeroek ama. Ari saoer Ratoe Soengging Wila mantri kasirigan moending wangi: