Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
31

moeroek ngaos kitab. Ki Djaka gus katingali; toeloej dipiwarang oenggah ka panto sabulah kalèr. Kijai urun moeroekna, majoenan ka Ki Talajah. Lahir kijai tèh: Agoes, gus lawas pisan tu ngandjang. Djung, tah saha boedak lutik? Koe Ki Djaka diwalonan, bari hormat Ki Djaka tèh, omongna: Soemoehoen, anak ngaran Kai Soengkawa enja èta, kaoelanoen. Anoe matak ngaduhusan, dek. njanggakun toewang koering iju poen Djaka Soengkawa, rėhna enggus rada gedė. Mudjuhna rék ditjatjandak poen anak koe gamparan, sareng njoehoenkun diwoeroek prakawis tata agama. Ari pilahir kijai dui: Soekoer pisan, Kai Djaka, jèn èta anak manéh tèh dipratjajakun ka oerang; atoh kabina-bina. Insa Allah jèn diwoeroek prakara tata agama................

(Wawatjan tjarita Djaka Talajah.)




E.

Gantjangna baè gus toeloej kaloewar tidjero nagri. Hantu kotjap di djalanma. Ka Djaka Wana gus tepi. Tjek Djaka Wana: Bagèja; sampéan kadiju tjalik. Diguwat baé diakoe: Timana nja toewang boemi? Kaoela tu atjan terang. Sareng saha nja kakasih? Djung naon maksoed sampéan, noe matak kadiju soemping? Anoe ditanja ngawangsoel: Kaoela ti sèdjèn nagri, ti nagri Karang Gantoengan. Ngaran kaoela gus pasti kaseboet Wana Dikara, ti indoeng bapa pangwaris. Ari kaoela nja maksoed ka sampéan ngan sautik, tapi poma-poma pisan. Timbalan Radja di nagri koedoe baé koela munang timah, antawis sakati. Djaka Wana dui wangsoel: Sakitoe mah soegan manggih: tapi oerang tèjang hula; éta timah bisi lungit. Barèto asa ngampihan. Ana ditėjang, kapanggih. »Iju timah ngan sakitoe; ka kaoela tu boga dui. Seg iju gura tampanan, timah téh anoe sakati." Gus atoh