Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
32

Wana Dikara, sabab maksoedna gus hasil. Piwarangan Radja imoet; sarta bari mikun doewit, rėjana opat roepija. Djaka Wana tampa doewit, piwarangan nampa timah: doewannana pada hasil. Ki Wana enggus pamitan, djung mawa timah sakati.

(Wawatjan dongéng noe miskin.)


F.

§ 1. Noe mimiti ditjaritakun nagri Astinapati, nagara gedė, lega wawatesannana, toer moengkoerkun pagoenoengan, nengenkun tjai noe gedè, majoenan bandara rèja. Ratoena luwih santosa, balana sasama ratoe sartana gegedèn kabèh; sadèrèkna saratoes poendjoel tiloe djung andjunna. Ari noe saratoes doewa lalaki kabéh, ari noe hidji dui awèwè, dianggo guruha koe Toemenggoeng Djadarata. Ari sadèrèkna noe saratoes didjenenganan koe kang rama Korawa sarta djadi radja kabèh, noe sahidji dui lalaki dianggo Pamoek-perang, dingaranan Arija Doesasana koe kang rama, pakoewonna Tjindèpoera. Èta ratoe Korawa noe saratoes sami pada ngawoela ka Sang Praboe Astina. Ari djenengan ratoe nagri Astinapati katelah Koeropati. Mangartina Koeropati: basa Koero èta Korawa, basa pati ratoe: pertanda, djadi ratoena Korawa kabèh. Doewa djenengannana Djajapitana. Mangartina Djajapitana: basa Djaja èta munang, pitana katarima, pertanda, munang sapanedana. Katiloe djenengan Ratoe Astina, dingarankun Anggendarisoeta. Mangartina basa Anggendarisoeta: Gendari ngaran kang iboe, soeta anak, pertanda, poetra Dewi Anggendari. Kaopat Soejoeddana. Ari mangartina Soejoeddana: èta basa soejoed pamingit, da na éta mèrè, pertanda, kaimpoengan koe djalma tina daèk mèrė, daék noeloeng ka noe ripoeh, masihan ka anoe miskin, sakirana noe matak mahi, mèrè pajoeng ka noe kahoedjanan,