Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
33

mèrè toedoeng ka noe kapanasan. Taja pisan tjawadunnana danana Praboe Astina, sarta liwat langkoeng nja kaja, rėja emas, rèja pėrak, rèja doewit djung pramata; sapi, moending, domba, embè, sowang, hajam, djapatina, gus taja bilangunnana; koedang parè pirang-pirang, tina sawah langkoeng lega.

§ 2. Katjarita Kangdjeng Goesti Ratoe Astinanagara. Sahidji mangsa katjatoer linggih dina korsi gading, adoe manis, didjero srimanganti loewar, sarta bunang nganggo-nganggo: nganggo tjabang emas sepoeh, ditarètès mirah-mirah, toer nganggo garoeda moengkoer, mas kolot anoe didamel, ditapoek retna tjampaka, dipaselangkun djung inten, berelijan nomer sidji. Matana garoeda moengkoer djoemeroet noe pangaloesna, tjahjana ting palontjorong; soesoempingna adoe manis, tarétésna mirah konéng, inten dianggo titengah. Katodjo koe pananpoè ting karetap, ting karetip, ting sompèrat, ting boerinjaj, kolèbat ting bararabat. Sarta nganggo kilat baoe oorajan, mas oerè anoe didamel. Matana kentja katoehoe montjorong, inten brelijan; sisitna koe inten konèng. Gulang emas doewannana disapoet koe mirah-mirah, mirah anoe pangaloesna, dipaselangkun djung inten. Kangkaloeng ting baroerinjaj, masih sina ditarétés koe mirah noe semoe amnjang, ditengahna mah koe djamroet, disisian inten konéng. Sarta di gulang sampéan oorajan nagaradja, emas liwat langkoeng kolot, tarètèsna inten kabèh; hoentoena koe moetijara; sisit-sisit oorajan ditapoek koe inten lutik; matana kèntja katoehoe koe inten noe pangaloesna, hoeroeng montjorong ngageboer. Tjoeroekna kèntja katoehoe baranang nganggo lèlèpèn, inten anoe panggedéna sarta berelijan pisan, kira harga samalijoen. Sindjang tjinde oedan emas; oedetna soetra boelao, ditoengtoengan koe banjoe-mas. Doehoeng ladrang emas sepoeh, disapoet koe inten aloes. Taretep nja kitoe kènèh ditarètès inten hadè. Katingal ti kaanggangan, padang hèrang, hoeroeng ngempoer: lungit pisan kamanoesan, lain tèndjoun djelema Sang Praboe Astinapati. Toer diduhus para selir, pingitan noe gulis-gulis, sarta

3