Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34


bunang nganggo saé. Mondojot sanggoelna malang, ditaboer koe kembang-kembang, sungitna ngangin-anginan. Hémpak antjémon marando sapoengkoerun Kangdjeng Ratoe: Sang Ratoe resep ningali sadaja para selir.

§ 3. Kitoe dui Sang Praboe Astinapati liwat langkoeng boengah manah, tu aja bandingannana, kagoengan badé mantoe, liwat saking enja sakti, prakosa, pradjoerit perang, djenengan Déwa Koesoemah. Langkoeng nja digoesti-goesti, dimongmong koe Kangdjeng Radja, sarta taja doenja kinasihan; naon baé noe disoehoenkun koe Déwa Koesoemah, tangtoe dipaparinkun. Anoe matak Sang Ratoe liwat langkoeng héman ka Radén Déwa Koesoemah, koe sabab sanggoep noempoerkun Pandawa lilima. Ari Déwa Koesoemah salawasna aja di Astina: tu petot pada ngaduhus, koe Ratoe Korawa noe saratoes, kitoe dui koe Demang Arja Toemenggoeng, para Dipati, Kandoeroean, Petjat-tanda, Rangga, Ngabei sakabéh. Pangduhusna éta para pangkat dipiwarang koe Praboe Astina. Malah noe ngaduhus, enggus pot ka Sang Praboe, perloe ka Déwa Koesoemah. Saoepama aja pangkat, tu tembong ngaduhus sapoé, guwat dipiwarang ditalian, ladjeng dipandjara: lamoen tatjan tobat, tara gantjang-gantjang dikaloewarkun; dimana gus tobat, kakara dikaloewarkun, moen tatjan tobat mah, tara. Kitoe peta lampahna Déwa Koesoemah salawasna di Astina. Para pangkat sadaja moengkir atina ka Déwa Koesoemah; dék ngalawan tu kadoega, adjrih koe Praboe Astina. Samalah Ratoe Petaperlaja, ngaran Dipati Karna, koe sabab tu karsa ngawoela ka Déwa Koesoemah, kitoe dui gus tara disaoer koe Praboe Astina, koe sabab kabélé-bélé, ngalolos ti padaleman watara tengah puting, minggat ka Pandawa, kasarengan toewang gruha, ngaran Déwi Soetrikanti.

§ 4. Lilana gus lima poé malah Praboe Astina gus munang wartos, jén kang raka ngalolos. Koe prakara gus oeninga Praboe Astina, gentak njaoer toewang raka, Praboe Madoera, djenengan Baladéwa. Péndékna gus dipajoenan sami linggih dina korsi gading, adoe manis. Praboe Sampang-tjoeriga tina adat ka toewang raji rékép tjalikna, ngalengkong dadana,