Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35

sembah-sinembah; gus tadi tu tinggal tata-krama, lampahing sami gegedén. Tidinja Sang Praboe Astina njaoer ka kang raka Baladéwa, saoerna: Raka Praboe, oelah djadi manah saréhing digentak disaoer koe toewang raji: ajuna ka pajoenan soemedja neda soeka manah raka. Pihatoerna Praboe Baladéwa: Noen raji Praboe, raka dalem, saramboet dibulah toedjoeh, djaoeh pisan ka noe gadoeh makroeh: enja ati anggoer liwat langkoeng nja kaatohan, soepami satimbang goenoeng. Kitoe dui dina raos manah toewang raka, tersasat soepami disaoer koe Jang Goeroe, disaoer koe andjun téh. Ngan ajuna pihatoer raka dalem, soemedja naros ka karsa, sapoerwana noe matak njaoer. Naon noe badé dikarsakun, kang raka paparin terang; soemedja ngantes timbalan, soepaja djadi kaharti. Gus urun anoe toemaros; kakara Ratoe ugadawoeh timbalan Ratoe Astina: Kakang Praboe, sapoerwa andjun disaoer batan koe toewang raji, taja sanes perkawis, ngan raji sampéan téh tina enggus munang wartos, jén raji sampéan, raka Dipati Karna sarawoeh guruhana tu aja di karaton dongkap ka mangsa ajuna. Tapi kang raji enggus munang ogé wartos, kakang Dipati Karna ngalolosna ka Pandawa. Koe prakawis éta ajuna karsa kang raji, moen terang djung manah raka, raka koe andjun koedoe njoesoel kakang Karna ka Tjantakapoera. Ari piréntjangun poen Toemenggoeng Djadarata, sareng Doesasana, paman Dorna, Soewatama, Korawa kabéh tjandak sarta wadja-bala: kitoe dui batoerna Ki Praboe Anom, Djajasakti, Djajalalana tjandak. Poé iju koedoe mangkat, oelah ngaisoekkun dui. Soepami gus tepang djung kakang Karna, poma adjak moelih ka Astina, toenggangkun koeda; tu karsa toenggang koeda, toenggang karéta; tu karsa dikarétakun, djoli, djanapana, tandoe: ngan koedoe baé katjandak. Soepami kersaun, soekoer. Nja éta noe diteda. Soepami tu karsa, paksa; moengpang, talian; ngambek lawan, wani tangkup koe djalma réja, tambaloeng, ranté, belenggoe. Moal sira tanaga djalma hidji ngalawan djalma réja. Saoepami dibantoean koe doeloer-doeloerna, soekoer: nja éta noe diarah. Da moal boeroeng