Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
36

pegat buhungna, dipanah koe Ki Djajasakti, Djajalalana. Tapi poma sing ati-ati sarta munang damel, krana kang raji liwat langkoeng nja purih ati, koe prakawis dipamminggatkun koe kakang Karna, kawas taja pisan nja kahadéan batan ka kakang Karna. Mangga atoeh, raka, mungpung burang.

§ 5. Praboe Baladéwa sanggus munang dawoehan kang raji Praboe Astina, taja pjatoerna dui: tjong njembah, linggar amit; koe raji dilajan. Praboe Baladéwa kagantjangan ka paséban, Enggus soemping, sarta gus papajoen-pajoen djung Dangijang Sokapantja Bagawan Dorna, Toemenggoeng Bana Keling Kalana Djadarata, djadjar sareng kang raka Arija Bandjar Djoemoet Doesasana. Dipoengkoer Aswatama; djadjar sareng Wisata Almoeka sarta Ratoe Korawa saratoes. Bagawan Doerna, sasoempingna Praboe Baladéwa, liwat langkoeng ruwasna, keketeg naranjoed: antara tiloe ambekanun tu kawrat njaoer, tjolohok hookun néndjo ka noe soemping. Laoen-laoen kakara bidjil omong. Saoerna Bagawan Doerna: Poetra Praboe, toewang rama kasoempingan andjun téh, liwat langkoeng nja ruwas manah, ngageter saoepami kadatangan maoeng, anoe liwat langkoeng gedé toer galak. Méh tu kawerat bisa tanggah toewang rama sasoemping andjun. Katoeran anak Praboe. — Praboe Sampang-tjoeriga njaoer, timbalannana: Kateda katarima, paman. Ladjeng Bagawan Doerna toemaros ka Praboe Baladéwa, pihatoerna: Noen, anak Praboe, toewang rama soemedja naros ka karsa, noe mawi tjoendoek isoek-isoek, datang saboeka sijang, toer gasik liwat saking, gantjang hentu kira. Sok naon pikersaun, dipiwarang naon hatan koe toewang raji Sangapraboe Limanbanawi, Djapatitana? Soemangga toewang rama paparin werta noe terang, soepaja djadi ngaharti. .

§ 6. Saoer Praboe Baladéwa: Paman, poerwana toewang poetra gasik soemping, énggal datang kapajoenan salira paman, manggoel oetoesan Sang Ratoe, ngemban piwarangan Ménak, kiju katerangannana. Djasad kaoela sareng salira paman, kitoe dui adi Arja Doesasana, Katoemenggoengan, Aswatama, Wisata Almoeka, sareng dui Ratoe Korawa djung