Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
37

sabalana poé iju, celah isoek, koedoe indit ti Astina ka nagara Tjantakapoera, njoesoel toewang poetra Ki Dipati Karna. Ngalolos ti nagara, renggangun nja koemawoela: tu roemasa dipaké kaasih, tu roemasa jén dipaké karoenja batan koe Sang Ratoe. Timbalan raji Praboe Astina: Koedoe baé kabantoen ka Astina, toenggangkun koeda noe aloes, rarangkénna anoe ahéng. Soepama tu karsa toenggang koeda, toenggangkun karéta. Tu karsa dikarétakun, djoli, djampana, tandoe, naon karepna. Soepama tu karsa balik dui ka Astina, paksa baé; tu bunang dipaksa, tjekel. Ngambek, ditjekel rageman koe djalma réja; talian, ranté, belenggoe. Bahoe lakoe, sabab rosa, perangan; mo pira djalma saoerang ; moal ngélihkun djalma réja. Soepama ditoeloengan koe doeloer-doeloerna, soekoer: nja éta noe diarah. Da moal boeroeng parotong buhungna oerang Pandawa. Sakitoe timbalan Ratoe, noe gus katampi koe toewang poetra. Djajasakti, Djajalalana piwarang ditjandak badé manah buhungna oerang Pandawa.....

§ 7. Kotjap di padaleman nagri Tjantakapoera. Saha noe aja di karaton? Garwa Dalem Praboe Tjantaka, djenengan Déwi Dropadi, sareng kang raji Déwi Wara Soemadra Srikandi, garwa panengah Pandawa Ardjoena. Katjarijos kur liwat langkoeng boengahun nja manah, saréhing kasoempingan toewang raka Dipati Karna sareng guruhana. Soempingna karék tiloe puting, samalah kur papajoen-pajoen didjero palinggihan, blak éntjrakan toewang luut: langkoeng nja ngangunah-ngunah toewang raji ka kang raka, panjoegoehna hentu kira. Tina gus lami tu tepang, saroewa pada sonona. Tapi gus tiloe poé lilana aja di karaton, tatjan ditaros koe raji-raji poerwa ngarsakun ka Tjantaka Dipati Karna: ngan hantem baé disoegoeh, ka kang raka Praboe Poentadéwa. Kitoe dui ka Praboe Méralaja; ka Arja Djoedipati, ka raji Dipati Soerjalaga, noe sami aja di patjandén Saptarengga, tatjan hatoeran, jén kang raka Dipati Karna aja di Amartapoera. Katjatoerkun, sanggus toewang luut, Déwi Dropadi naros ka toewang raka Dipati Karna, pjatoerna: Noen, raka Dipati, salawas andjun aja di boemi panagari Tjantapeera,