Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38

toewang raji tatjan aja nja panaros, tina kaliboer koe soeka ati, saréhing dipareng panggih, gus lawas tu pisan tepang. Ajuna toewang raji soemedja toemaros ka karsa. Tjarék babasan: Tikoro-kotokun, tjaréham-hajamun. Tapi réboe-réboe, laksa-laksa, sanget oelah djadi manah, saréhing aja pihatoer. Sapoerwana toemaros ka linggih kang raka, tina toewang raji liwat langkoeng enja karuwasan kasoempingan andjun téh, koe prakawis tara ti sasarina karsa soemping ka siti kang raka Tjantaka. Soemangga raji dalem paparin terang, soepaja djadi mangarti. Nangling Karna Nerpati. Mangartina mangling éta omong; Karna ngaranna; basa Nerpati Ratoe: pertanda, Ratoe Karna sasaoeran. Ring Sang Droepadapoetra. Basa ringsang éta ka; Droepada Ratoe Tjampala; poetra éta anak: terangna, njaoer ka poetra Droepada, ngaran Déwi Droepadi. Roh dedel saoerira: napasna méh hésé bidjil, seret sasaoeran. Pangandika Dipati Karna: Uh aji, mangké poen kakang badé tjatjarita; rungukun koe slira njai..........

§ 8. Praboe Baladéwa kotjap soemping, loengsoer tina gadjah, ladjeng njalira asoep kadjero, gadjah mah diséléhkun ka sorati. Tu ngalilakun dui Praboe Baladéwa soemping ka karaton, malah gus papajoen-pajoen djung Dipati Karna; tatakarama gus tadi. Déwi Droepadi, Wara Soemadra Srikandi, Soetrikanti, sami pada moendjoeng, ngatoerkun kawaloedjengan soemping ka toewang raka Béri-nagari. Saparantos salam para istri, ladjeng masang sangoe rudjung kopi; péndékna gus dipajoenan. Dipati Karna njaoer ka toewang raka Baladéwa, saoerna: Katoeran sasoemping andjun, raka Praboe. Saoer Praboe Sampang-tjoeriga: Kasoehoen, hentu kira disangga koe tenggek pisan. Langkoeng soeka, enja manah dipoesti, kawas komala ditjangtjang poetjoeking ramboet. Lébar pisan kana taktak, ditampanan koe panangan, sihandjun ka toewang raka kasoehoen, adi.

§ 9. Sanggus kitoe Dipati Karna njoemanggakun toewang ngaluut ka raka. Saoer Praboe Baladéwa: Gampang dahar mangké; hula damel anoe djadi misti. Ladjeng ditaros koe