Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
39

toewang raji Giwang-karasoeta, pjatoerna: Noen, raka, aja damel naon? Mangga atoeh gura dadar: kang raji ha jang oeninga. Walonan Sampang-tjoeriga: Hem, uh adi, gura kiju noe matak kakang ajuna tjoendoek isoek-isoek, datang saboeka sijang kang Ngamartapoera, trima manggoel oetoesaning ratoe, ngemban piwarangan Ménak, dipiwarang koe adi Praboe Gadjah Hojapati njoesoel andjun, koe doeméh gingsir tu pamitan, renggang hantu terang, ngalolos minggat ti karaton. Kitoe noe matak dipiwarang disoesoel. Da oendoer, lamoen katingal poendoek mah, moal djadi kitoe kiju. Gura koe adi manah. Ajuna péndékna timbalan adi Praboe kang raji koedoe baé moelih ka Astina, krana toewang raji gus hojong liwat langkoeng tepang sareng adi. Toengganganun kakang mawa, koeda, karéta, djoli, djampana, tandoe: naon noe badé dikarsakun, mangga.

§ 10. Dipati Karna njaoer, saoerna: Uh raka Praboe, ari prakawis disaoer, hatoer soemangga pisan, ngan saprakawis; toewang raji téh moal ngiring ajuna, karana hajang tepang hula sareng raji-raji sampéan Pandawa. Ajuna tu atjan tepang, koe doeméh aja di Saptarengga, kur ngoméan patjandén. Aja sing mangké, ari gus tepang, oelabon aja panjaoer, sanadjan taja, soemedja balik pisan ka Astina. Ajuna mah neda timbangan raka baé. Ari prakawis kasonoannana raji Praboe hojong tepang, soekoer, tu ditundun dihandap-handap koe toewang raji. — Saoer Baladéwa: Moal saé; gura manah djadi tjék paribasa: „noe asih dipoelang tai, lain dibéré kembang”. Moal saé: montong ningal ka noe miwarang, tingal kakang. baé. Kang oepama adi tu kabawa ajuna koe kakang ka Astina, gus pikoemahaun baé bendoena adi Praboe ka kakang? Ajuna mah taja sanés, ngan hajang kabawa baé. — Saoer Dipati Karna: Ajuna moal ngiringan: doeka sagok, hajang tepang sareng Pandawa. — Saoer Baladéwa: Oelah kitoe; moal saé djadi baha ka panjaoer Ménak. Ari hajang panggih, mangké dui. — Doeka, saoer Karna. — Koedoe baé, tjék Baladéwa.

§ 11. Katjarita papaguh-paguh nja saoer. Wantoening