Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
40

Praboe Baladéwa dina djaman harita, saratoes tu aja tiloe, salaksa tu aja opat, noe gedé ambek wani modar, tjara Praboe Baladéwa manggih noe kitoe petana. Dadak sakala oeratna rambeng karentjeng, taarna ngadjeroek poeroet, tepoeng toengtoeng halisna, amjang pamuntuna, kekedoetan toengtoeng biwirna, ngageboer dadana, koemerot waosna, awakna ngadégdég djeg kur moerijang, ngaruhak, ladjeng njaoer: Jaktoeh, binatang, anak adjag, djadi ana kitoe mah moengpang ka Ménak, arék ngamoesoehan Ratoe. Djung dui naha tu roemasa jén dipaké kahéman, dipaké kanjaah? Guning adi Praboe ka manéh téh, taja doenja kinasihan, sagala dibikun. Kiju pamalesna, djadi noe soeka dipoelang moha. Ajuna mah, daék, tu daék, bakal dibawa. Boedi dilawan wani, rosa dilawan gagah, mo boeroeng manéh diranté, mo gagal jén ditalian, ditambaloeng, dibelenggoe; moal sabraha tanagana djalma saoerang...............................

§ 12. Kotjap Praboe Kresna soemping kapajoenun Arja Djoedipati bari goemoedjeng. „Huuh, Prakantjana, Prakantjana, bongganna noe lalajakan wani ngamoesoeh ka Bima. Adi aing, Djoedipati!” Bima njaoer ka Kresna: Kaka Praboe, koemaha karep manéh? Iju si monjét podaran, atawa koemaha? Saoer Kresna: Mangké adi; oerang priksa. hula. Ladjeng Praboe Kresna njaoer ka Prakantjana, saoerna: Huuh, Prakaatjana, koemaha ajuna karep manéh? Hajang hiroep, atawa hajang paéh? Lamoen hajang hiroep, manéh koedoe taloek ka oerang; lamoen hajang paéh, tong taloek, bari koe manéh itoe téndjo pananpoé. Mangké soeroep isoek kamana éta pananpoé? — Prakantjana pihatoerna ngawalon ka Praboe Kresna: Noen, goesti, ajuna abdi dalem soemedja dék taloek ka gamparan, sareng abdi dalem ajuna njanggakun soempah, tedak toedjoeh patoeroenan mo wani-wani dui. Sakitoe pjoendjoek abdi. ― Saoer Praboe Kresna: Jaji, soemangga, poen Anoman lupaskun; da gus taloek, bidjil soempah. Soepama noe taloek koe oerang, tu dihampoera, tangtoe oerang munang galab para Déwa. Mangga, jaji, lupas. — Arja Djoepati sanggus munang saoer Praboe Kresna,