Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41

guwat Anoman dilupas. Katjarita Prakantjana gus poroj mando, sila réngkép, iroengna antul ka tanuh, ningal Praboe Méralaja, boemaroeboet kaséérna. Eling ka goestina, aran Batara Rama, sarta kaharti koe Anoman kasaoeran Praboe Kresna tadi, siloka bab pananpoé .................

§ 13. Kotjap Praboe Kresna papajoen-pajoen djung kang raji Dipati Soerjalaga-langgeng-witta. Sacer Praboe Kresna: Jaji, soemangga ajuna oerang doewaan madjoe ka peperangan, kranten dawoeh iju taja sanés pimoesoehunnana Ratoe Pantjawati ngan salira kang raji sareng diri kang raka. Pjatoer Dipati Soerjalaga: Soemedja ngiringan. Kotjap Praboe Boejoet-lawa djung Boet-lawa soesoembar ménta lawan, pokna: Oerang Pandawa Méralaja, hajoe, iju lawanan sosotja Pantjawati-dengda, noe aran Prabhoe Boejoet-lawa. Kadangoe koe Praboe Kresna; saoer Kresna ka Ardjoena: Mangga, raji, pada madjoe. Hatoer Ardjoena: Soemangga. Pék madjoe Kresna djung Ardjoena. Boe angkatna Ardjoena djung Praboe Kresna laoen aloes, roesoeh semoe. Sakoer-sakoer tatangkalan, kitoe dui roepaning kekembangan pada hajang ngiloe, hajang ngiring, tina kapentjoet koe aloes; asihna koe sabab rasmi, kawas srangéngé sapasang, kawas gambar wawangoena, Ardjoena djung doewa Rati. .........

§ 14. Kotjap Praboe Kresna djung sabaladna soemping ka sisi nagara Astina ti puting. Tidinja Praboe Kresna njaoer ka Ardjoena, timbalannana: Adi, mangga andjun kadjro nagara, sareng Prakantjana téjangan poen Padmanagara Gatotkatja, Minantardja. Soepami kapendak, tjandak; guwat kadiju: soepami tu kapanggih, téjangan. Oelah waka moelih, lamoen tatjan bunang: krana bisi gus dipaéhan; soekoer lamoen masih aja. Mangga atoeh, adi. Dipati Soerjalaga sanggus nampi saoer kang raka, ladjeng moendoer amit, sareng diiring koe Radén Maroetanja Prakantjana Soeta. Tu katjarita di djalanna: kadjro nagara soemping, hentu kapanggih koe ronda. Ladjeng néjangan Padmanagara Gatotkatja, Minantardja; weléh, tu kapanggih saoengkek-oengkek nagara. Tinja ladjeng ka paséban: di paséban ditéjangan, tu