kapendak. Toeloej Pangéran Dipati ka palinggihan, soegan aja didinja Padmanagara Poerabaja: di palinggihan soewoeng. Ladjeng baé ka karaton; Prakantjana ditoenda diloewar, sarta ati-ati Prakantjana ngadjaga diloewar: Karsadéwa noe pada kemit, taja noe njaho saoerang. Pangéran Dipati asoepna ka karaton djalan kana lawang; dipareng lawang moeka, sarta tu aja noe nganjahoankun.
§ 15. Katjarita Ardjoena néjangannana di karaton mani oenggal boemi diasoepan; tapi weléh, tu kapanggih. Ari gus kitoe ladjeng ka boemina Soejoeddana. Ari gus nepi ka boeroean boemi, Ardjoena ngoeping saoer istri: guwat kana pongpok boemi ngawaskun noe sasaoeran. Sidik di boemi aja noe sasaoeran, guruha Sangapraboe Astina, djenengan Retna Banowati, gulisna taja bandingna; réja-réja djalma noe kédanan. Salirana konéng amjang; tarangna boelan toemanggal; halisna kadoe sapasi; galing biwir, pipi aloes; waos hidung bangbaraan; taktakna naradjoe pasti; pinarup djeg tjengkir gading; tjangkéng soepami papanting; sampéanna mararetjoet; panangan tjara gondéwa, metjoet bentik matak asih; aloes patoet, hadé semoe, toer rampingun nja salira .......................
(Tjarita Karna batik)
G.
Angandika Allah Ta’ala ka sagala baroedak Wédadari, miwarang kaloewar ti sawarga. „Guwat-guwat, baroedak, manéh kabéh pada toeroen ka doenja; tjarokotan koe manéh éta ramboet kakasih aing: éta salambar oelah aja, noe sragrag ka boemi. Pada lalumpang manéh kabéh; paraké djimat koe manéh kabéh ramboet téh, éta koe aing dihampoera sagala dosana manéh kabéh”. Baroedak Wédadari éta kabéh pada paboro-boro toeroen ka doenja, njarokotan ramboet Nabi Allah, anoe ukur diparas koe malaikat Djabrail,