Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
46

tidinja: saroewa baè djalma islam atawa kapir, anoe ditangtoekun. Bėda-bèda, lamoen oemoem: maka nja èta hantu naon-naon, saperti lahir Allah Ta'ala, anoe diseboet dina, Koer-anoe'l'atlim: La'natoe'llahi 'ala'lkáfirina atawa la'natoe'llahi 'ala'lkádzibina. Tatapi ari oetamana mah oerang tèh nja oelah baé ngala'nat kana naon-naon ogè. Katoedjoeh, lètah tèh oelah dipakè ngadoe'akun kana sahidji mahloek Allah Ta'ala kana kagorèngannana, sanadjan nganiaja ka manèh, pon oelah baé ngadoe'akun kana kagorėngan tèh anggoer koe manèh serahkun baé éta pagawéan èta djalma ka Allah Ta'ala. Kadalapan, lėtah tèh oelah dipakė mizahh, tegesna banjol, djung oelah dipakè soehhrijat, tegesna, oelah dipakè ngomong huruj, djung oelah dipakė istihzá binnási, tegesna, ngahinakun ka pada manoesa pada hal huhurujan. Karana èta kabèh anoe tiloe perkara ditjegah koe kangdjeng Nabi.

§ 8. Djung dui, ari butung tèja, anoe matak diajakun di manèh, koedoe diraksa, oelah dipakè njatoe anoe haram djung anoe soebhat: koedoe dipakè njatoe halal. Ari anoe halal tėja, nja èta kaja oentjal, djung sapi, djung sapapadana, anoe bunang moroan ti luwung, djung sakoer anoe bunang ngala tina kakaian di luwung, kaja sagala poepoetjoekan atawa dangdaoenan, djung sapapadana, kaja bunang ngali ti goenoeng, kaja emas atawa salijanna, djung poesaka-poesaka, djung bunang dagang, djung bunang njawah atawa ngebon, djung arta djakat, djung panjidekahan-panjidekahan, djung tina hadijah-hadijah, djung pamèrè, djung sapapadana. Ari anoe haram tėja, saperti babi, djung barang bunang maling atawa bunang ngarampas, djung barang riba, djung arak, djung ladang arak, djung salijanna tidinja, sagala anoe haram. Ari anoe soebhat tėja, nja èta barang anoe sak kana halalna djung kana haramna, tegesna, anoe hentu tètèla halalna djung hentu tètèla haramna.

(Kitab Tasaoep.)