Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
47

L

§ 1. Ari gus kitoe toeloej sibungut: ari anoe wadjib, koedoé kabasuhan dina bungut téh tiloehoerna semet anoe kalampah boeoek, ari tihandapna semet gado, serta wadjib ngabasuhan oewang-oewang, tjarék Djawa mah: ari enggon dina handapun pipi kéntja katoehoe. Ari watesna ti gigir bungut téh semet tjuli kéntja katoehoe, serta soenat ngoetjapkun nijat ukur sibungut téh, tatapi wadjib koedoe bareng ngoetjapkun nijat téh djung sibungut téja, sertana koedoe éling dina ati kana Soendana nijat ...........

§ 2. Ari gus sibungut, soenat toeloej ngoembah lungun doewannana; wadjib pangoembahna mah lungun serta sikoena doewannana, wadjib koedoe kakoembah serta soenat matja doe’a ukur ngoembah lungun katoehoe kiju pokna ....... ari Soendana: Hé Allah, poma-poma kaoela paparin toetoelisan koe adjengan djaga dina poé kijamat serta masing ti katoehoeun kaoela, djung dui poma poma timbang kaoela koe adjengan djaga dina poé kijamat timbangan ance énténg. Ari gus kitoe ngoembah lungun kéntja, serta soenat matja doe'a iju....... ari Soendana: Hé Allah, poma-poma kacela djaga dina poé kijamat koe adjengan oelah dipaparin toetoelisan kaoela ti kéntja atawa titoekangun tonggong kaoela: éta poma-poma oelah. Ari éta anoe matak aja panoehoen kitoe njoehoenkun toetoelisan ti katoehoe serta nampik toetoelisan ti kéntja, karana sagala djalma éta ukurna hiroep satingkali polahna, sagala oetjapna, noe hadé, noe goréng, éta kaitoeng kabéh, katoeliskun koe Malaikat Kiraman Katibin. Ari djaga dina poé kijamat ditémbongkun kabéh ka sakoer anoe gus katoeliskun kalakoeannana serta masing-masing petana. Lamoen toetoelisan téh dibikun ti katoehoeunnana, éta‘alamat djalma bagdja, lamoen ti kéntja ’alamat djalma tjilaka .........................

§ 3. Ari gus kitoe soenat ngoesap tjuli doewannana. Ari petana, tjuli téh didempét koe tjoeroek, tjara anoe ngapoet