Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
48

njekelan djaroem. Ari tjoeroek singna asoep kana lijang tjuli muusan; ari indoeng lungun tetelkun tiloewarna. Ari mimiti ngoesap téh tina lebah lijang koeraboe, moenggoeh di awéwé mah, serta papajkun tjoeroek djung indoeng lungun téh kaloehoer. Ari tjoeroek singna mapaj lepit-lepitna tjuli tidjerona, ari indoeng lungun singna mapaj tiloewarna, serta masing kaoesap kabéh daoen tjulina téh koe indoeng lungun, serta soenat ngoesap tiloe kali. Ari éta agoesap tjuli kitoe petana téh: tjuli kéntja katoehoe dioesap koe lungun kéntja katoehoe. Ari éta ngoesapna koedoe koe tjai anjar, oelah koe tjai oeroet ngoesap téh, serta soenat matja doe’a iju............................ ari Soendana: Hé Allah, poma-poma kaoela koe adjengan djadikun djalma, sok ngadéngé kana omongan serta masing noeroet kana omongan anoe hadé...............

§ 4. Ari gus tamat woeloe, seg nangtoeng njangharup ka kiblat, namparakkun lunggun doewannana, mangka patepoeng tjinggir lungun katoehoe kana lungun kéntja, serta masing rada keroeng ramona, tjara anoe nampanan sosoek sarawoe atawa pisitan sarawoe, serta papak dampal lungun djung bahoe, serta bari tanggah ka langit karana ningali anoe hijang-hijang, djidjiunan Allah ....... Kaoela njaho serta diangguhkun koe ati kaoela jén hantu aja Djoeragan anoe satemen-temenna, ngan Allah njalira baé: hantu réntjangan Allah; rudjung dui kaoela njaho serta diangguhkun koe ati kaoela satemen-temenna Nabi Moehammad éta Piwarangan Allah. Hé Allah, poma-poma kaoela koe adjengan djadikun getol tobat, rudjung dui poma-poma kaoela koe adjengan djadikun djalma masing bersih, rudjung dui poma-poma kaoela koe adjengan djadikun djalma masing tjara abdi-abdi adjengan, anoe saléh-saléh. Maha-soetji adjengan {tegesna: bersih adjengan, djaoeh tina saroewa anoe anjar). Hé, Allah, kaoela moedji ka adjengan, serta tobat kaoela ka adjengan. Kitoe Soendana doe’a mentas woeloe téh.

§ 5. Lamoen ditanja sabaraha parloe woeloe, kiju djawabna. Genep perkara: hidji, nijat dina ati; kadoewa, sibungut; katiloe, ngoembah lungun doewannana sarawoeh