Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
49

sikoena; kaopat, ngoesap sirah atawa beeoekna; kalima, soekoe doewannana sarawoeh moemoentjangannana; kagenep, tartib. Ari éta basa tartib téh Arab, ari Soenda mah parélé atoerannana, tegesna: ngahulakun anoe baris dihulakun, mandurikun anoe baris dipandurikun. Ari enggonna tartib téh opat perkara: hidji, sibungut; kadoewa, ngoembah lungun; katiloe ngoesap sirah; kaopat, ngoesap soeka doewannana.

§ 6. Lamoen ditanja, sabaraha soenat woeloe, kiju djawabna. Sapoeloeh perkara: sidji, matja bismillah dina mimiti woeloe; kadoewa, ngoembah lungun doewannana semet pigulangna katjongokun; katiloe, kekemoe tiloe kali; kaopat, njusup tjai kana iroeng; kalima, njorokun djanggot noe kandel; kagenep, njorokun ramo lungun doewannana, ramo soekoe doewannana; katoedjoeh, ngahulakun katoehoe, mandurikun kéntja ukur ngoembah lungun; kadalapan, ngoembah soekoe; salapan, toetoeloejan téja (moenggoeh basa Arab mah moewalat, basa Djawa mah noeli-noeli). Ari hartina toetoeloejan téh, oelah lila tuing tina ngoembah sidji parloe dui: kaja tina sibungut kana ngoembah lungun doewa, tina lungun kana sirah, éta soenat oelah lila tuing antarana.

§ 7. Lamoen ditanja, sabaraha makroehna woeloe, kiju djawabna. Opat perkara: sahidji, luwih tina tiloe kali dina ngoembah djung dina ngoesap; kadoewa, ménta toeloeng ka noe lijan ukur woeloe, kaja ditjitjian koe batoer hantu karana waloerat; katiloe, kéképrét mentas woeloe, atawa disoesoetan koe topo atawa koe nahaon baé: ngan lamoen waloerat, éta disoesoetan ogé hantu makroeh, karana waloerat kitoe éta; kaopat, ngomong djung djalma, kaja ukur woeloe ditanja, seg némbalan, éta makroeh ..........

§ 8. Ari gus tamat oeroesan woeloe serta gus mandjing waktoe, seg nangtoeng ngaharup ka kiblat. Ari nangtoengna mah kitoe soenat dimana baé, ngan soepaja engonna bersih. Gus kitoe soenat adan, moenggoeh di lalaki; ari awéwé mah hantu soenat, ngan wenang baé.

§ 9. Ari adan téja kiju kalimahna: »Allahoe akbar,