Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55

atawa lijan tidinja sakoer anoe moehal di Allah Ta’ala. ― Ari noe wenang akal tèja, naon-naon noe kaharti pangajana djung panguwuhna, nja èta anoe wenang tèh. Ari wenang tėja, éta doewa perkara: sahidji, wenang daroeri; kadoewa, wenang nadari. Ari wenang daroeri tèja, èta noe babari kahartina koe akal, kaja djirim tina oesik kana tjitjing atawa sabalikna. Èta, tjek akal, wenang ngaranna. Ari wenang noe nadari těja, èta anoe hèsè kahartina koe akal, saméh-mėhna diwitjarakun dalilna, kaja Allah Ta'ala njiksa noe ngabakti, atawa ngagandjar noe doraka. Èta, tjek akal mah, wenang; tatapi ari lebah njiksa noe ngabakti, djung lebah ngagandjar noe kapir, éta woengkoel tjek akal baè, hantu teroes djung Sara’. Ari koe Sara' mah, moehal Allah Ta’ala njiksa noe ngabakti, djung ngagandjar noe doraka, karana gus kapenggel koe pangandika Allah Ta'alla, dalil Qoer'an: »Inna’llaha »lá jagfiroe an joesjraka bihi, wajaghfiroe má dóena dzalika”. Ari ngabobohong kana pangandika Allah Ta'ala matak djadi kapir, lain tjara lebah ngagandjar anoe doraka: èta, tjek akal, wenang, tjek Sara’ wenang...................

§ 5. Ari moemkin tèja, èta opat perkara. Sahidji, moemkin uwuh sanggusna aja, kaja nini aki oerang anoe enggus paraèh. Kadoewa, moemkin aja sanggusna uwuh, kaja oerang ajuna pada araja, tadina pada aruwuh. Katiloe, moemkin mangkė ajana, kaja poè kijamat djung kalakoeannana. Kaopat, moemkin kaoeninga koe Allah Ta’ala, tatapi hantu diajakun, kaja iman Abi Djahal, djung kaja Allah Ta'ala njiksa anoe ngabakti, djung kaja Allah Ta’ala ngagandjar anoe kapir..................

(Kitab Oesoel.)


L.

§ 1. Woedjoed, tegesna: Allah Ta’ala wadjib aja, moehal uwuh. Ari tandana jèn Allah Ta’ala wadjib aja, moehal uwuh,