Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54

noe ditinggal, munang gandjaran; ari dipigawè, hantu munang siksaan, hantu munang gandjaran. Ari noe wenang tèja, naon-naon noe dipigawé atawa ditinggal, saroewa baè, tu munang gandjaran, tu munang siksaan. Tatapi èta kabèh noe lima tèh, koedoe maké sarat djung sabab, djung oelah aja anoe njegah boa djadi.

§ 3. Ari hoekoem adat èta netepkun kana patimoean antara sahidji djung antara pagawéan sahidji, serta ngabalik-balik njoba, serta sah bėda-bedana djung hantu bisa sorangan, kaja tjai matak basuh, atawa sunu matak toetoeng, atawa pakarang matak rahut, atawa lijan tidinja: èta kijaskun baé, noe tjara kitoe petana.

§ 4. Ari hoekoem akal éta njimpen dina tiloe bagian: sahidji, wadjib; kadoewa, moehal; katiloe, wenang. Ari anoe wadjib tėja, naon-naon noe hantu kaharti koe akal panguwuhna, nja èta anoe wadjib tèh. Ari wadjib tėja éta doewa perkara: Sahidji, wadjib daroeri: kadoewa wadjib nadari. Ari tegesna wadjib daroeri tèja, éta noe babari kahartina koe akal, kaja djirim ngalap enggon dina awang-awang sagedéna awakna, djung narima salah-sahidji oesik atawa tji-tjing. Èta wadjib, tjek akal, dina djirim, salawasna aja djirimna; dingarankun wadjib moekajad. Ari wadjib nadari tėja, èta noe hèsẻ kahartina koe akal, saméh-méhna diwitjarakun dalilna, kaja ajana Allah Ta'ala, djung tihulana Allah Ta'ala, djung lijan tidinja sakabéh sipat Allah Ta'ala dingaranan wadjib moetlak, karana hantu dikajidkun salawasna tjara djirim. ― Ari anoe moehal akal tėja, naon-naon noe tu kaharti koe akal pangajana, nja kitoe petana anoe moehal tèh. Ari moehal tėja, èta doewa perkara: sahidji, moehal daroeri; kadoewa, moehal nadari. Ari tegesna moehal daroeri tėja, èta noe babari kahartina koe akal, kaja djirim hantu ngalap enggon, djung hantu oesik, hantu tjitjing. Èta, tjek akal, moehal salagina aja djirimna mah. Ari moehal noe nadari tèja, éta noe hèsè kahartina koe akal, samèh-méhna diwitjarakun dalilna, (kaja aja noe saroewa djung Allah Ta'ala, djung) kaja Allah Ta'ala anjar, atawa roesak,