Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
53

ahirna waktoe magrib éta datang ka méh-méh soeroep méga burum. Opat, waktoe ‘isa, nja éta opat raka’at. Ari awalna waktoe 'isa éta sanggus soeroep méga burum; ari ahirna waktoe ‘isa éta datang ka bidjil padjar sadik. Lima, waktoe soeboeh, nja éta doewa raka’at. Ari awalna waktoe soeboeh éta sanggus metoe padjar sadik; ari ahirna waktoe soeboeh éta datang ka bidjil pananpoé sakabéh boeledna........

§ 5. Iju kitab nétélakun hoekoem poewasa. — Dina sakabéhna poé boelan Ramelan éta parloe, koe sabab njuung tanggal pisan boelan Ramelan, atawa koe sabab njampoernakun bingbilangan boelan Sa’ban tiloe poeloeh poé, tetkala hantu kadjuung tanggal pisan boelan Ramelan. Djung dui tjoekoep djalma sahidji, tatapi sarat koedoe ’adil dina njuungna boelan. Djuung tanggal boelan Sawal pikun boeka poewasa, Maka lamoen hantu kadjuung tanggal boelan, maka wadjib njampoernakun poewasa tiloe poeloeh poé......

(Kitab Pakih.)



K.


§ 4. Ari hoekoem éta tiloe perkara; hidji, hoekoem Sara’; kadoewa, hoekoem adat: katiloe, hoekoem akal. Ari hoekoem Sara’ téja, nja éta pangandika Allah Ta’ala, anoe digantoengkun kana sakabéh pagawéan djalma anoe akil balég, kana paréntah djung njegah, djung ka anoe wenang.

§ 2. Ari réjana hoekoem Sara’ téh lima perkara: sahidji, wadjib; kadoewa, soenat; katiloe, makroeh; kaopat, haram; kalima, wenang, Ari noe wadjib téja, naon-naon noe dipigawé, munang gandjaran; ari ditinggal, munang siksaan. Ari noe soenat téja, naon-naon noe dipigawé, munang gandjaran; ari ditinggal, hantu munang siksaan. Ari anoe haram téja, naon-naon noe dipigawé, munang siksaan; ari ditinggal, munang gandjaran. Ari anoe makroeh téja, naon-naon