Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52

kagenep, tjai hoedjan; katoedjoeh, tjai kempel, — sarta dingaranan tjai moethlag, tegesna: tjai woengkoel, hantu katjampoeran koe barang-barang anoe sédjén. Djung dui hantu sah woeloe atawa mandi wadjib, atawa ngilangkun nadjis koe tjai, anoe asalna gus katjampoeran koe noe lijan-lijan tidinja, kaja koe tipoeng, atawa koe tjai anggoer, atawa koe tjai dalima, atawa koe noe lijan tidinja, sarta owah rasana. Anging lamoen katjampoeran koe lutak atawa koe oejah laoet, maka tjai éta sah dipaké woeloe, atawa dipaké mandi wadjib, atawa dipaké ngilangkun nadjis, karana soesah diraksana......

§ 3. Pasal. — Ari parloe woeloe éta genep perkara. Sahidji, nijat parloe atawa nijat ngilangkun hadas lutik, nja éta dina haté baé wadjib, serta dibarengkun nijat teh djung mimiti ngoembah bungut. Kadoewa, koedoe ngoembah bungut sakali masing rata; ari watesna roebakna bungut téja tina tjuli kana tjuli dui; ari watesna pandjangna bungut éta tina enggon djadi ramboet sirah. Katil0e, koedoe ngoembah lungun doewannana wates sikoena nepi kana sakabéh toengtoeng ramona, sakali masing rata. Opat, koedoe ngoesap sautik koelit sirah atawa boeoekna koe tjai moethlaq, tatapi éta anoe hantu kaloewar tina had sirah. Lima, koedoe ngoembah dampal soekoe nepi kana moemoentjangannana, sakali masing rata. Genep, tartib, tegesna: parélé, ngahulakun anoe baris tihula, mandurikun anoe baris panduri, sadjabana tina nijat .....................

§ 4. Pasal. — Ari salat anoe diparloekun dina sapoé saputing, éta lima waktoe, nja éta: salat loehoer, opat raka’at. Ari awalna waktoe loehoer éta sanggus lingsir mata poé ka djihat koelon; ari ahirna éta barang datang kalangkang, oepama djalma nangtoeng, kana saadegna, sadjaba tina pandjangna kalangkang tengab poe. Kadoewa, salat asar, nja éta opat raka’at. Ari awalna waktoe asar éta sanggus liwat sautik tina kalangkang, oepama djalma nangtoeng, malihan kalangkang. tengah poé; ari ahirna éta méh-méhna soeroep mata poé. Katiloe, salat magrib, nja éta tiloe raka’at. Ari awalna waktoe magrib éta sanggusing soeroep matapoé; ari