Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
51

Moehammad djadi Piwarangan Allah, kaoela njaho jén satemen-temenna Nabi Moehammad djadi Piwarangan Allah; hajoe batoer, oerang salat; hajoe, batoer, oerang salat; hajoe, batoer, oerang kana kabagdjaan; hajoe, batoer, oerang kana kabagdjaan; salat éta luwih hadé batan héés; salat éta luwih hadé batan héés; Allah anoe gedé, Allah anoe gedé; dkaoela njaho hantu aja Djoeragan ngan Allah”. Kitoe éta Soendana adan.

§ 14. Ari Soendana mah éta omongan teh, éta bisi salah tampa dina kalimah „Allahoe akbar”, ari disoendaan: »Allah anoe gedé”. Eta gedé téh lain tjara gadjah beh djentoelna, éta lian. Lamoen daék dimisilkun mah, tjara oerang njeboet ka ratoe: oepamana dipawarang koe ratoe téh, piseboetun oerang dikersakun koe noe gedé, atawa kee noe tiloehoer seseboetannana. Tapi éta mah misil, sotéh misil babarangan baé, hantu kalawan kitab.

(Kitab Woeloe djung Salat.)




J.

§ 1. Pasal. — Ari roekoen islam éta lobana lima perkara. Sahidji, matja sahadat, nja iju roepana: »Asjhadoe an la ilaha illa’llahoe, wadsjhadoe anna Moehammadan Rasoeloe’llah”, tegesna: Kaoela nganjahokun jén satemen-temenna uwuh dui Pangéran, anoe disembah sabeneré, ngan Allah Ta’ala baé, djung dui kaoela nganjahokun jén satemen-temenna Nabi Moehammad éta Piwarangan Allah Ta’ala. Kadoewa, migawé salat lima waktoe dina sapoé saputing. Tiloe, ngaloewarkun djakat djung pitrah. Opat, koedoe poewasa dina boelan Ramelan. Lima, koedoe naék hadji ka Bétoe’llah, lamoen kawasa di djalanna.

§ 2. Pasal. — Ari tjai anoe njoetjikun, éta toedjoeh perkara. Sahidji, tjai laoet; kadoewa, tjai waloengan; katiloe, tjai soemoer; kaopat, tjai njoesoe; kalima, tjai iboen;