§ 2. Enggus kitoe Aki Bolong maling moending ka noe djaoeh. Enggus kitoe balik, dibawa moending, ditjangtjang handapun awi. Anoe boga moending nèjang, ari moending uwuh. Toeloej dítèjangan, tu timoe. Toeloej loempat ka toekang boeboe. ― „Aki, moending koela lungit; tjing, pangmatangankun”. ― Ari tjarék toekang boeboe: Kaoela mah hantu bisa aja noe bisa. Aki Bolong bisa naksir boeboe didjero tjai, serta ahli noedjoem. Enggus kitoe toeloej ka Aki Bolong. Ari tjarèk noe boga moending: Aja, aki Bolong? Ditėmbal: Aja, tjarèk Aki Bolong. ― „Aki, kaoela lungit moending kamari; neda toeloeng pangmatangankun”. ― Ari tjarèk Aki Bolong: Dek ngaboeroehan sabaraha silahing? ― „Mangga, koering ngaboeroehan satengah hargana èta moending, lamoen timoe.” ― Heg, mènta tèmpo saputing: isoek manèh kadiju.
§ 3. Toeloej balik anoe boga moending. Enggus datang, toeloej ngomong: Koemaha? ajuna gus aja kereteging manah. ― »Agoes, ajuna barkah. Tjing, tèjang handapun awi, »kira-kira doewa poeloeh toembak tina imah kaoela”. — Sanggus kitoe toeloej ditèjang, bèh kapanggih kur ditjangtjang dina awi. Heg èta moending ditoengtoen ka éta imah Aki Bolong. »Iju, aki, moending timoe tina handapan awi »tėja”. — Èh, soekoer, alhamdoe lillahi. — »Ajuna sim-koe-ring gadoeh panarima; iju doewit lima keton kur sampéan".
§ 4. Katjarita enggus balik eta anoe boga moending, toeloej diasoepkun ka kandang. ― Katjarita Radja Boesta: istrina angkat ka tjai, sedjana arèk soesoetji; tundun ali dina batoe, ngaranna ali inten tèja. Aja sahidji noe ngintip lalaki, si djoeroedjana, tjitjingna didjero gawir. Enggus Njai Poetri kersa moelih, èta ali dina batoe kapohoan, tu dibawa. Sanggus kitoe ditjokot nja èta koe djoeroedjana, ali harga lima ratoes. Enggus kitoe Poetri èling, sanggusna datang ka boemi: Èh, iju koemaha aing? Goelang-goelang, ali aing tinggalun dina batoe. Tjing, tjokot koe sija. Lungit, sijun disesel koe Radja.
§ 5. Gantjang goelang-goelang nějang èta ali dina batoe,