enggus uwuh; gus aja noe maling. Gantjang goelang-goelang moelang, toeloe] oendjoekan ka Poetri: Noen, djoeragan, dina perkawis miwarang koering, éta perkara tjingtjin, hantu kapanggih koe abdi, wantoe-wantoe toewang sarat loba anoe gus ka tjai. Kadangoe koe Njai Poetri, toeloej gero baé nangis: Koemaha iju aing dina perkara ali éta, gedé hargana? Toeloej oendjoekan ka Radja: Koering njanggakun bebendoe éta perkara toewang kagcengan tjingtjin inten téja lungit. — »Eh manéh, koemaha éta? Dimana éta lungitna?” — Noen, di tjai, ukur mandi; katinggalun dina batoe. Ditéjangan koe goelang-goelang, tu aja. — »Qedjabon sipat »ali, njai, manéh ogé lungit, moal boeroeng katimoekun baé, »sabab kami djadi radja, bisa mupuh ka sakabéh. Loba noe »bisa matangankun. Engké ogé doewa poé timoe; moal dihakan koe manoek, murun koe pada djelema”.
§ 6. Disaoer sakabéh ménak: Mantri, Pangoeloe, Djaksa, Patih. Ari enggus pada datang: Oerang kaélang-élangan. Toeloej Mantri oendjoekan: Noen, Goesti, gamparan koemaha, koering hajang oeninga. Apan sim abdi gamparan, réja noe ngadjaga éta ka palinggihan Goesti. Aja opat lima poeloeh, noe ngadjaga kadaton gamparan. Sadjeroning manah Mantri, ambek njedek dina ati, ambek ka goelang-goelang, sareng ka pardjoerit sakabéh. — »Eta, Kai Mantri, lungit ali di tjai; ditundun dina batoe. Ari balik, kapohoan; ditéjang dui gus uwuh. Tjing ajuna, Mantri, Pangoeloe, Djaksa, Papatih, néjangan toekang matangankun, didjangdjian tiloe poé. — Eta hargana ali, lima ratoes harga ali. Enggal-énggal koedoe nimoe éta toekang matangankun”.
§ 7. Enggal ménak pada moelang, pada néjangan noedjoem. Pareng ka noe dipaling moendingna. »Tjing, sampéan »hantu njaho toekang matangkun? Tjing, maméh soegan »bisa? Tjing, kaoela toeloengan, dipiwarang koe Ratoe”. — Sampéan oelah nanja ka koela ogé néjangan. Baréto lungitun moending, katimoe sotéh koe batoer, koela ngaboeroehan. ‘Eta bener, jakin tuing. Koela méréan habar ka noe ngaran Aki Bolong; imahna di sisi tjai, dina éta pinggir