Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
66

Tu katjatoer di djalanna: tjatoerkun datang baé. Enggus dongkap ka imahna: Uh, nini, koemaha aing? Ajuna enggus pinasti buhung toeloes dipotong lèhèr: piwarangan banget ka pati. Aing ti barèto ogè dingaranan noedjoem koe batoer. Gus kiju koemaha petana aing ajuna mah modar? Barèto mah bisa sotéh, datang koe manèh èta noe maling ali. Moending dipaling hula; boeboe ditèėjang hula. Nini ing, koemaha aing? ― Uh, aki ing, soegan tjara tihula-hula bae: Doelah ngaborongkun ka noe Kawasa. Oerang mah ngan »darma, anging Allah noe oeninga". ― Ah, nini ing, muntjit hajam djago: toeloes aing malidkun manèh tėja.

§ 21. Sanggus kitoe toeloej dangdan; toeloej ka sisi sagara. Toeloej Aki dadaharan sorangan. Katjatoerkun Aki Bolong toeloej ngoentjoeloengkun manèh ka laoet; toeloej kabawa lambak katengah. Kira-kira munang saputing, hidji manggih parahoe urun: nja èta noe boga samangka, ukur babadamian bae djung batoer sasama dagang. Katjatoerkun Aki njangsang dina parahoe, gus satengah mati; njanghuj ngadéngěkun omong. Katjatoerkun ki nangkoda ukur ngomong djung doeloerna: Aing, adi, bakal oentoeng. Ajuna kur totorahan djung Radja Boesta, noe soegih. Hamo aja anoe bisa sanagara Boesta èta torah aing. Ari tjarèk adina: Naon anoe ditorahkun akang? Eta koering hajang oeninga. Ari tjarėk Aki Bolong lalaoenan tihandap: Alhamdoe lillahi, sadjeroning ati. Kukuh kuduh adina hajang oeninga. ― »Adi, »oelah ngomong; bisi kadéngé koe manoek, wantoe-wantoe »djaman ajuna loba manoek bisa ngomong". Kukuh kuduh adina hajang oeninga. ― »Tjing, atoeh ilikan hula: »bisi manoek untup, sareng dihandap bisi aja koeja mojan. »Wantoe-wantoe Radja sabodona sato sek bunang dititah »djalma onam saguj, wantoe-wantoe ditengah". ― Toeloej éta adina alak-ilik, bet uwuh naon-naon: Guning, akang, uwuh, wantoe-wantoe pasoenian ditengah-tengah sagara. Toeloej ngomong ki nangkoda ka adina: Uh, adi, èta samangka těja, anoe gedè, anoe lutik, èta sabaraha rèjana dina hidjina, tah, kitoe torah. Wantoe èta samangka palsoe bunang