Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
65

Bolong". ― Leres satimbalan Radja, leres rudjung abdi-abdi. ― »Gantjang itoe saoer Aki Bolong; gantjang-gantjang".

§ 18. Gus kitoe toeloej baé Aki Bolong disaoer. Tu katjatoer di djalanna: tjatoerkun datangna baé. ― Èh, aki »Bolong, kaoela datang kadiju, kaoela ngemban timbalan »Radja. Ajuna aki misti koedoe kairingkun koe kaoela". Aki Bolong guwat dangdan, nemonan panjaoer Goesti. Tukatjatoer di djalanna: tjatoerkun datangna baè. Toeloej marek ka Radja. ― »Eh, aki Bolong, kadiju: kami kur boga »kasoesah, lain soesah lutik. Iju, aki Bolong, ngaranna naon, »hidji gedé, hidji lutik? Koela hajang njaho". Aki Bolong gantjang ngawangsoel: Èh gamparan, montong èwed: da koering loba èta boewah anoe kitoe. Boewah samangka éta pingaranunnana. ― Manah Radja imoet, nèndjo lèlèwa Aki Bolong maroekanna ngan sakitoe èta pinarosun Radja. »Bener, aki Bolong, tapi koela nanja dui èta parkara sa»mangka, njaho pisikiunnana èta hidji samangka, anoe gedè, Danoe lutik". ― Soemoehoen pariksa Radja, èta dina parkawis siki koering hantu oeninga: ngan nama Allah Ta'ala anoe pioeningaun èta, sabab èta hantu oemoem mariksakun anoe gaib. ― Eh, aki Bolong, kiju: aja sahidji nangkoda, »rèk ngabojong noesa oerang. Lamoen hantu timoe, tangtoe »oerang murun bunang, nja èta koe ki nangkoda: tangtoe »oerang murun koeli. Eta koe aki misti baè koedoe timoe. »Lamoen hantu timoe, éta manèh bakal dipotong buhung, »serta aki diadoekun hula djung matjan".

§ 19. Aki Bolong tjurik ati: Ajuna aing toeloes paéh téh. Uh Allah, koemaha aing! Ngadjentoel, ngahoeroen baloeng: ari ras, taja kabisa. »Koemaha ajuna, aki, sanggoep? La»moen sanggoep, ajuna; lamoen hantu, ajuna koe kami rek »dipaėhan." ― Noen, timbalan Radja sakitoe noehoen masihan ka koering, tapi koering, manawi aja paidin, neda tempo sakedap dèk moelang. ― »Tjik, manèh gura moelang: »ditèmpoan tiloe puting. Hula, aki, lamoen tu timoe, misti »aki moal hiroep, sabab èta gus pinasti omong kami".

§ 20. Sanggus kitoe toeloej moelang èta Aki Bolong tėja.

5