Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64

sapamoendoet ajuna manèh diperesèn. Eta doewit saratoes pasmat lobana, èta misti adjang manèh. Sareng èta oenggal boelan, aki, manèh moedoe mindeng datang ka aing. Ajuna manèh gura balik bari bawa doewit èta ka imah manéh. Rudjung manèh hantu boga gawè saoemoer hiroep manéh. ― Gantjang Aki Bolong moelang boeroe-boeroe: gus dongkap ka imahna. Toeloej Aki Bolong soegih, sanggus diakoe koe Ménak.

§ 16. Katjatoerkun èta Radja, aja hidji nangkoda datang, sedjana rèk mèrè oentoeng nja èta ka Radja Boesta. Toeloej ki nangkoda ngoetjap nja èta ka Radja tėja: Tjing, ajuna, kangdjeng, hajoe oerang totorahan. Koela boga hidji samangka; sabaraha èta sikina? Djung èta hidji dui anoe lutik, sabaraha dui sikina? Èta djadi djoemlah doewa, anoe gedé anoe lutik. Djung dui lamoen katimoe èta bilangan, tangtoe kaoela rèk nampi sapiwarangan Radja, serta koering njanggakun diri sarawoeh njerahkun parahoe itoe, tiloe poeloeh rèjana. Sareng bidji parahoe modalna doewa laksa: misti èta hidji parahoe. Djung nimbalan Radja: Murun kami gè, nagara sarawoeh badan, èta nangkoda noe boga, lamoen bantu katimoe. Djung dui mènta tèmpo toedjoeh puting.

§ 17. Katjarita ki nangkoda èta enggus balik dui sareng dek babadamian ka batoer sasama dagang. Katjarita èta Radja njaoer Mantri djung Pangoeloe. Eta abdi-abdi sadaja enggus pada koempoel kabèh. ― »Tjing, ajuna aja hidji torah: iju samangka, anoe gedè, anoe lutik, sabaraha èta sikina? Anoe gedè, anoe lutik, sabaraha sikina? Mangkė lamoen timoe, misti boga kaoentoengan. Ki nangkoda serah badan sarawoeh parahoe sakabèh: èta hidjina parahoe modalna doewa laksa. Djung oerang, lamoen tu timoe, ki nangkoda anoe boga, sarawoeh nagara kabéh ki nangkoda anoe boga”. ― Uh gamparan, abdi oendjoek hatoer, iju Radja kawasa, tapi èta hidji parkara liwat saking nja soekil, wantoe-wantoe anoe gaib. Moal timoe koe saboelan. Paranděnė kitoe abdi mah ngiringan baẻ. ― »Èh, Mantri sadaja, oelah sijun-sijun tuing, kapan itoe oerang boga Aki