Kaca:Soendaneesch Leesboek met inleiding en aanteekeningen.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
63

tuing, ― bari tjurik djoeroedjana. »Uh agoes, atjèng gura »balik baè. Njaah tuing anak aki". ― Èta Aki Bolong imoet.

§ 13. Katjatoerkun éta tjongtjot toeloes. ― »Nini, oerang »djung aki, oerang ngarèndèng.” ― Soeka temen ati aki; toeloej pada ririjoengan, tjara ukur papanganten. Soeka boengah èta aki rudjung nini. Ari enggus dahar, èta Aki Bolong toeloej lumpang tengah puting, ali tèh bari dibawa: diroewang handapun katja-katja. Balik dui Aki Bolong ka imahna. Tu lila djeboel panjaoer ukur wajah isoek-isoek. ― »Koemaha, ajuna aki téh disaoer: angker naker koedoe »kairingkun koe koela”. ― Gantjang Aki Bolong nemonan, nja èta ka Radja tèja. Katjarita enggus dongkap; toeloej ngaduhus ka Radja.

§ 14. Ari timbalan Radja: Saha èta Aki Bolong? ― »Noen, »soemoehoen, sím koering”. — Èh, Aki Bolong, kadiju. Iju dijoek dina korsi: montong èra-èra tuing. Gura heg, gura dahar. ― Sanggus kitoe Radja nimbalan, nja èta ka goelang-goelang: Èh, ajuna, goelang-goelang, itoe saoer Raden Mantri sarawoeh Radèn Pangoeloe, Djaksa, Patih, pada datang. ― Kabèh pada ngaduhusan: enggus pada koempoel kabèh. Djager pada daratang kabèh, sabab hoekoem gus pinasti. Toeloej nimbalan Radja: Koemaha ajuna, aki, èta perkaraan kaoela. Ajuna enggus pinasti, sareng gus munang pitoedoeh atawa tatjan? Eta bedil ngadjadjar djung toembak pedang. Tjing, ajuna gura wangsoel. Kaoela mènta boeboekan. ― »Uh, soe»moehoen timbalan Radja sakitoe ka koering, tapi koering »njoehoenkun toewang kagoengan goelang-goelang moroan »pitoedoeh koering. Sareng èta anoe njokot, ajuna gus maè»han maneh.” ― Tjek: Toeroet toendjoek kaoela: itoe tjokot ali tėja, ditundun dihandapun katja-katja, sarengna ditjirian koe itoe daoen kararas.

§ 15. Toeloej loempat goelang-goelang; gantjangna toeloej kapanggih. Sanggus dibawa nja koe goelang-goelang, toeloej disanggakun ka Radja. »lju guning koe isim abdi kapanggih tina handapun pilar tėja. Jakin temen Aki Bolong”. ― Radja nimbalan, nja èta ka Aki Bolong: Èh aki, manèh jakin: