Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/256

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
236

kapoekna padĕt koe tjai; dĕmi tanggoengan djaro saeran djadi hampang, oejahna beak, teës koe tjihoedjan, djadi hampang djasa tanggoenganana.

Ladjoe bae djaro saeran njĕmproeng ka saloehoereun heulang, poeloek[1] djasa, datang ka boentoetna njambĕr kana srengenge nĕpi ka tjara goenting.

Ti dinja lĕboer si heulang disoerakan, ditjarekan koedjaro saeran, disambĕran datang ka ragrag deui ka tajoh.

Heulang tjeurik goemĕlik-gĕlik, eleh pangawasa koe djaro saeran.

Kĕbĕl-kĕbĕl ratoena marentah moen koedoe njoesoek waloengan-waloengan geusan ngarinoem djeung marandi, soepaja oelah kasoesahan di mangkena nĕpi ka anak intjoe.

Katjarita harita geus toeroet kabeh, sakabeh manoek moen rek njaroesoek, ari noe mimiti rek disoesoek waloengan Tji-beo.

Barĕng djaro saeran marentah ka heulang, diana baha, teu toeroet ka parentah djaro saeran. Ladjoe bae disambĕran, dibĕrik.

Datang ka hareupeun dewa, ladjoe bedjakeun salampahna moen diana titok toeroet kana parentahan.

Heulang ditjadoe koe dewa, saoemoerna nĕpi ka toeroen toemoeroen ka anak intjoena, teu ilok meunang nginoem atawa mandi kana waloengan, sabab ngĕdoel njoesoek.

Kawidian ogeh nginoem, koedoe noenggoe hoedjan bae atawa tjai sagara.

Mana nĕpi ka kiwari heulang mah tilok ara nginoem atawa mandi di waloengan, nja eta ti watĕs harita ditjadoe koe dewa.

Djeung moen diana hajang nginoem keur mangsa katiga, ladjoe sok hibĕr poeloek meh deuk datang kana mega barina disada gĕlak-gĕlik, nja eta nangtangan hoedjan hajang nginoem.

Tah, sakitoe toetoeranana para manoek.

——————————

  1. loehoer.