Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/255

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
235

Djadi noe didjieun djaro nja eta manoek saeran, sabab omongna bentes, roepana hade djeung teu adigoeng, teu alĕman.

Barĕng saeran geus ditetepkeun djadi djaro, si heulang sisirikan sĕrta hewaeun[1] ka saeran, doemeh teu didjieun djaro; djadi saheubeulna moemoeleun toeroet kana parentah si djaro saeran.

Djaro saeran hewaeun djasa, ladjoe bae dibĕbĕrik soepaja diana toeroet, tapi wĕleh, moemoeleun bae.

Tjarek heulang: "kiwari, hade ngaing ngaoela ka dia, tapi oerang pabĕdas-bĕdas manggoeng heula bari paloehoer-loehoer hibĕr."

"Lamoen ngaing eleh pangawasa koe dia, sanggoep ngaoela sapandjang hiroep, tapi lamoen dia eleh koe ngaing, ngaing mo koemaoela ka dia, sangeuk."

Nembalna djaro saeran: "hajoe, tapi tanggengan pakeun ngaing koedoe leutik ti manan keur tanggoengan dia, sabab awak ngaing leuih leutik batan dia."

Geus kitu, ladjoe heulang njadiakeun doea tanggoengan, tapi ngalitjikan dasar[2] anoe pĕlit.

Ari djaro saeran dibere tanggoengan leutik, tapi eusina oejah; kaliwat beurat djasa. Dĕmi diana, tanggoenganana gĕde ngawingking tapi hampang, eusina kapoek. Ngan kadjeueungna beurat.

Geus kitoe, ladjoe bae halibĕr bari naranggoeng maroeloek djasa.

Djaro saeran katinggaleun, eleh hibĕrna sabab beurateun.

Heulang soesoerakan ngera-ngera ka djaro saeran ngaotjoenan pedah eleh hibĕrna.

Barĕng keur kitoe, doemadakan brĕg datang hoedjan gĕde djasa, gĕlap dor-dar, datang ka baraseuh tanggoenganana sadoeana.

Heulang roebag-riboeg jasa beurateun nanggoengna sabab

——————————

  1. ewa.
  2. pĕrbawa; aard, gewoonte.