Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/254

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

234

Eta tĕroes ka kiwari koekoentjoeng rangkong mah roepana koneng tjampoer bodas djiga ĕmas ditjampoer salaka: nya eta mimiti ti harita.

Prak deui dewa milih deui, nja manoek djalihu. Ladjoe ditĕrapkeun koentjoeng peutjeuk.

Diwada deui, koerang pantĕs djadi radja djeung sok bohongan.

Nja kitoe deui koekoentjoengna mah teu dilaan deui, tĕtĕp bae nĕpi ka mangsa kiwari eta manoek djalilin koentjoengna peutjeuk.

Sanggeusna kitoe, ngaleret[1] deui dewa teh ka manuk pelah, didjeueung-djeueung soeroep sarta pantĕs legegna moen didjieun radja, omonganana sĕdĕng djeung parigĕl.

Ladjoe ditĕrapan boentoet ĕmas djeung salakam aloes djasa roepana lĕmpaj diroembajkeun. Ladjoe djadi radja, sarta dioearkeun ka sakabeh manoek, moen pelah geus djadi ratoe; hanteu aja wadaeunana nĕpi ka kiwari.

Ti harita nĕpi ka kiwari ogeh, eta manoek pelah moen rek ngiber ka mana-mana, sokan[2] diiring koe sagala manoek-manoek tandana ngaoela ka diana.

Geus kitoe, ladjoe milih deui pipatiheun.

Ana leret dewa ka manoek daoen, ladjoe didjieun papatih, sabab diana pantĕs sarta bentes omonganana djeung katoeroet koe batoer paraboedakna,[3] bisa marentah ka sakabeh baladna.

Ari sagala pangkat-pangkat anoe lian geus didjadikeun koe dewa: nya eta manoek noe geus dibere paean ti heula tea sapĕrti tjioeng, rangkong djeung djalilin, eta kabeh geus djadi kokolot manoek-manoek sakabeh minangka mantrina.

Geus kitoe, dewa rek njieun pidjaroëun.[4]

Ana leret ka noe panghareupna, ajana heulang djeung saeran, tatapina heulang tilok didjieun djaro sabab onamna ilok pĕlĕkik, ka babatoeran galak teuing.

——————————

  1. ngareret.
  2. sok.
  3. ...?
  4. desahoofd.