Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/253

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

233

Geus kitoe, disadiakeun sagala papakeanana keur pakean raja manoek.

Sanggeusna sadia, ladjoe dikoempoelkeun manuk gĕde, manoek leutik, tilok aya nu tinggaleun sahiji.

Mani[1], kocap, retjet gandeng koe sorana manoek saboeana koempoel kabeh.

Barĕng geus pada karoempoel, ladjoe diawaskeun koe dewa, dipilih, diilik-ilik mana noe boeat pantĕs moen didjieun radja.

Ana ngaleret, dewa mireungeuh ka manoek tjioeng. Jadjoe disaoerdikahareupkeun, teroes dipĕtjak-pĕtjak ditĕrapan djamang[2] peutjeuk[3], dikongkorongan ĕmas, hajang njaho pantĕs-patĕsna moen djadi radja.

Ana prak ditilik, pantĕs si pantĕs, tapi koerang parigĕl[4] omonganana koerang bentes, koerang tjapetang.

Manoek tjioeng teu toeloes didjieun radja, tapi kongkojang[5] mah, djamangna tilok dilaän deui; manana tĕroes nĕpi ka mangsa kiwari tjioeng mah beuheungna kĕlĕng[6] koneng djeung roepana peutjeuk, nja eta tina sasakala harita dikongkorongan ĕmas koe dewa.

Ti dinja, prak deui dewa milih manoek noe tjakĕp, noe bisa, noe hade moen baris radja.

Ana njeuëung ka manoek rangkong, ladjoe disaoer dikahareupkeun.

Prak dipĕtjakan deui, dipakean koe koentjoeng ĕmas djeung salaka minangka makoetana.

Ana ditilik, pantĕs djasa, tapi diwada deui, sabab haroes teuing omongna tjowong.

Rangkong teu toeloes didjieun radja, ngan pakeanana djeung koekoentjoengna hanteu dilaän deui.

——————————

  1. datang ka.
  2. badjoe.
  3. pantĕs, tapi meudjeuhna....
  4. Jav. prigĕl.
  5. kongkorong.
  6. ... koekoentjoeng.