Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/269

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

247

tilok tarima nitah maehan anak dia ka peutjang, ngadoedoet disada soteh, reuas njeueung polahna si tenggek, njoehoen-njoehoen imahna bari leuleumpangan ka kaler-kidoel boelak-balik, kawas aja noe dipake kasiheun, djadi ngaing ogeh siheun, soegan teh rek rĕmpak boeana.”

„Ai harita mah, dia oelah amarah ka ngaing, da ngaing mah tilok boga dosa, si tenggek lantaranana mana ngaing hantĕm-hantĕman disada.”

Si sero lĕmpĕr hatena; teu toeloes amarah ka si doedoet.

Geus kitoe, ladjoe amarah deui ka tenggek bari loempat njampeurkeun ka si tenggek.

Datang-datang, haok njarekan ka si tenggek bari pok nanjakeun, tjarekna: „tenggek, koe naeun dia, mana njiheun reuas ka si doedoet, datang ka si doedoet hantĕm-hantĕman disada doet-doet saking, koe reuaseun neuleukeun lampah dia, nĕpi ka anak ngaing paeh katintjak koe si peutjang lantaran si doedoet disada?”

Tenggek ngawalonan ka sero, pokna: „ngaing mah tilok njaho, moen anak dia paeh kadjalanan sakitoe, djeung deui, ngaing mah teu roemasa nitah maehan anak dia atawa nitah disada ka si doedoet. Njoehoenkeun imah soteh neuleu pamolah si tjika-tjika, oepang-apoengan mamawa damar ngaing siheun kadoeroek anoe mantak dibabawa koe ngaing, lain nitah maehan anak dia.”

Sero eleh tiarita. Ladjoe loempat deui njampeurkeun ka tjika-tjika.

Pok nanjakeun tjara ka noe ĕnggeus-ĕnggeus barina amarah.

Ari tjarek tjika-tjika: „hih, ngaing mah mamawa soteh damar, lain rek njoendoet imah si tenggek, siheun koe lampahna si keujeup kadjeueungna koe ngaing matana pĕpĕndĕlikan djiga noe rek ngarontok ka ngaing djeung njĕmboer-njĕmboer moeraän koe tjai.”

„Tah, kitoe djalanna.”

„Noe matak ngaing leumpang bari mamawa damar, siheun koe pamolahna si tenggek. Harita patjoean dia oelah rek

Tijdschr. v. Ind. T. L. en Vk., deel LIV, afl 3 on 4.
3