Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/268

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

246

Bari ladjoe si sero marahan leumpang ka imahna si peutjang.

Kabĕnĕran si peutjang kasampak aja.

Ladjoe sero nanjakeun bari amarah ka peutjang, tjarekna: „peutjang, saha anoe maehan anak ngaing teh?”

„Saboeat ditinggalkeun balangsiar, anak ngaing aja noe maehan, mana kitoe ogeh koe dia dipaehan da tilok aja deui tatangga noe deukeut djeung imah ngaing salian ti dia. Ngaing mah hamo njiaran noe euweuh, da dia noe aja rek noeding bae ka dia, kiwari ngaing teu soeka".

Peutjang kasĕlĕmpĕk omong koe sero, teu bisa moengkir. Tapi boeboehan bisa ngomong djeung loba tipoe.

Saharita ogeh, ladjoe bae peutjang ngawalon, tjarekna: „beu, dia oelah amarah-marah ka ngaing. Sabĕnĕrna eta anak dia lain dihadja dipaehan koe ngaing, mimitina ngaing reuas djasa, ngadenge si doedoet disada ngadoet-doetan panjana ngaing aja noe roesoeh gĕloet. Djadi ngaing kabalingĕr goegoep teuing loempat bawaning reuas, datang ka anak dia katintjak koe ngaing nĕpi ka paeh".

„Tah, kitoe bongan, si doedoet noe salah, sabab ngadoetdoet bae disadana".

„Djadi kiwari dia montong amarah ka ngaing, koedoe ka si doedoet, sabab ti dinja djalanna salah."

Si sero kaelehkeun omong koe peutjang.

Ladjoe loempat njampeurkeun ka si doedoet noe keur disada tea barina malangkaboet amarah keujangeun djasa.

Barĕng kasampak, keur ngadoet-doet bae si doedoet disada.

Ladjoe koe si sero ditĕgor barina ditanja, tjarekna: „doedoet, koe naeun dia ngadoet-doet bae disada, nitah maehan anak ngaing ka si peutjang?"

„Kiwari anak ngaing geus paeh, katintjak koe si peutjang, omongna reuas koe djalan ti dia ngadoet-doet bae disada, datang ka loempat si peutjang, ladjoe nintjak anak ngaing nĕpi ka paeh".

„Kiwari ngaing teu soeka ka dia, sabab ti dia djalanna."

Doedoet gantjang nembalna, tjarekna: „hih, ngaing mah