Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/267

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

245


njampeurkeun doedoet[1] nitah disada sing bĕdas; doet-doetan djeung iatna pokna: "sing ati-ati dia, mangke moen datang si sero nanjakeun pĕlĕkara anakna paeh, koe dia koedoe diwalonan kieu: "ngaing mah disada soteh reuas njeueung polahna si tenggek leuleumpangan njoehoen-njoehoen imah, ngaing deudeupeun[2] kasiheunan."

Omong si doedoet: "hade, mangke moen si sero ka dieu nanjakeun, koe ngaing rek diwalonan sakoemaha tjarita dia."

Barĕng geus papatah ka doedoet, ladjoe peutjang papatah deui ka tenggek, disina leuleumpangan bari mamawa imahna.

Tjarekna peutjang: „bisi dia ditanja koe si sero pĕlĕkara anakna paeh, omong dia koedoe kieu: ngaing mah pĕta soteh lain njingsiheunan ka si doedoet, siheun koe lampahna tjika-tjika oepang-apoeng mamawa damar, imah ngaing siheun kadoeroek”.

Geus rengse papatah ka tenggek, ladjoe peutjang njampeurkeun deui ka tjika-tjika.

Prak deui papatah deui nitah apoeng-apoengan mamawa damar, bari papatah deui tjarekna: „mangke dia bisi ditanja koe si sero, koedoe ngomong: siheun koe si keujeup djiga rek ngarontok djeung njidoehan matana pĕpĕndĕlikan. Tah, sakitoe tjarek ngaing”.

Gantjangna, geus rengse sakoer-sakoer noe geus dipagahan koe peutjang pada sanggoep noeroet kabeh.

Geus kitoe, ladjoe pentjang poelang deui ka imahna.

Hanteu kĕbĕl, katjarita, si sero datang mĕntas balangsiar, angkoehna rek maraban anakna.

Barĕng datang ka imahna, njampak anakna geus paeh.

Sero ngahoelĕng handeueuleun.

Ladjoe malangkaboet amarah djeung tjeurik.

Ari teu ngandĕlna ka peutjang, ngomong di djĕro hatena: da teu aja deui batoer noe padeukeut djeung ngaing, koe si peutjang dipaehan.

——————————

  1. loeloet.
  2. amboe ing.