Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/266

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

244

SERO DJEUNG KEUJEUP.

Katjaritakeun dina hidji waloengan gĕde aja sahidji keujeup keur anakan.

Loba djasa anakna, tapi tilok aja sesana balas dipalingan koe sero dihakanan, datang ka beak, teu tinggal hidji atjan.

Keujeup teh peuriheun djasa hatena. Ladjoe bebedja ka peutjang moen anakna sok dipalingan dihakanan koe sero.

Ai tjarekna peutjang: "keun bae, dia montong njeurih hate, mangke koe ngaing dipangmalĕskeun, anakna si sero rek dipaehan koe ngaing."

Sanggeusna disanggoepan koe peutjang, si keujeup ladjoe poelang deui ka waloengan.

Katjarita deui peutjang.

Saĕnggeusna kabedjaan kitoe koe si keujeup, ladjoe ngintip-ngintip diarĕp-arĕp bogohna si sero, karĕpna rek maehan anakna.

Dina hidji mangsa, sero njaba balangsiar keur parab anakna, peutjang leumpang ka tĕmpatna si sero.

Kabĕnĕran anakna kasampak keur heës, ladjoe bae koe si peutjang didjĕdjĕk beuteungna, datang ka paehna.

Sanggeus maehan anak sero, si peutjang loempat