Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/281

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

259

Eusina:
Ditoendoeng kami mo oendoer,
diboeboerak hamo leumpang,
omong sapoek djeung noe geulis.

Bangbalikan:[1]
Pandjang parakan Tji-moentjang,
ditoea teu dipoeloengan,
laoekna bogo harideung.

Eusina:
Palangsiang keuna roentjang,
koe kami mo ditoeloengan,
sia mingdoeakeun[2] tineung.

Bangbalikan:
Ka mana djalan ka langit,
ka dieu ka awang-awang,
heuleut-heuleut reuëuk hideung,
sĕla-sĕla mega malang,
sĕmpoer kĕmbang tjaladian,
kana areuj hondje boeöet,
kana beuti kole siang.

Eusina:
Ka mana djalan ka sakit,
ka dieu ka noe di lawang,
heuleut-heuleut ka noe hideung,
sĕla-sĕla ka noe lĕndjang,
kapoer kĕmbang ngadjadian,
ka noe ajoe timboen boeöek,
ka noe samping poleng siang.

——————————

  1. In Midden-Bantĕn luidt het:
    Pandjang parakan Tji-moentjang,
    ditoea teu dipoeloengan,
    laoekna bogo harideung.

    Hajoe bakal keuna roentjang,
    koe koela mo ditoeloengan,
    malĕs mingdoeakeun tineung.
  2. mingdoeakeun = mangdoeakeun.