Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/282

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

260

Bangbalikan:
Boboko ragrag ti bale,
samar beurang dieunteungan,
rnoelaïn[1] koe boekoe awi.

Eusina:
Kabogoh ti barĕng baleg,
samar beunang dibeuteungan,
moelaïn kawin sakali.

Bangbalikan:
Kasintoe ngapoeng ka manggoeng,
ngoerilingan boemi rakit,
hampĕlas geusanna eunteup.

Eusina:
Koemalintoeng laïn landjoeng,
koemaliling laïn sakit,
sok mĕlas oeroet padeukeut.

Bangbalikan:
Limoes-limoes tjeuri-tjeuri,
goela lengket dilodongan,
kĕmbang pinang kamajangan.

Eusina:
Imoet-imoet seuri-seuri,
koela lengket karodjongan,
teu beunang dihahajangan.

Bangbalikan:[2]
Kopo tjondong sajang manjar,
kabeulitan ki balera,
sajang walik dina ela.

——————————

  1. mimiti.
  2. Een Preanger variant heeft:
    B. Kopo tjondong sajang manjar,
    kabeulit koe ki barera.
    E. Hamo poho ka noe anjar,
    ka noe heubeul malik era,