Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/285

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

263

Kĕbĕl-kĕbĕl ratoe teh baranakan pirang-pirang nja mabakan deui dina leuweung beh hilir, dingaranan Tji-kĕrta wana nĕpi ka ajeuna.

Anoe matak dingaranan kitoe, sabab mimitina rame di dinja nja eta hartina: kĕrta rame,[1] wana leuweung.

Ti dinja tĕroes toemoeloej nĕpi ka kiwari, tapi dina hidj-hidji tĕmpat ngan diwidian opat poeloeh koerĕn.

Dĕmi paonamanana oerang dinja, lamoen aja satoa galak, maoeng, bagong, banteng atawa oraj, teu ilok dipĕrĕgasa koe bĕdil, ngan dibĕbĕrik bae.

Moen tatjan beunang mah, teu wĕleheun bĕbĕrik, djeung moen geus kasoesoel, ladjoe digĕloetan bae djeung make gobang atawa paneunggeul.

Mana nĕpi ka kiwari teu ilok aja satoa leuweung, beak koe oerang Badoej dialaän.

Ari diïnditkeun ti dinja, moen aja noe maling pare, atawa wani heureuj njabak soesoe atawa pipi tjawene, sok diïnditkeun, ari pangboeangana ngaranna desa Nangka bĕngkoeng.

Djeung deui, oerang dinja, lamoen boga anak geulis teu ilok dilarangkeun asal lalakina mawa pakean bae pakeun awewena djeung tjoetjoekoelan boemi sapĕrti: pare, hoei, tjaoe djeung sedjen ti dinja, beunang makaja tea. Ari doeitna ngan oekoer doea poeloeh lima sen geusan ka noe ngawinkeun, nja eta poeoen.

Ari noe didjieun minangka ratoena di dinja nja eta geurang poeoen.

Ari noe didjaga koe oerang dinja, tilok aja ngan para boejoet patjadoean-patjadoean.


DE OORSPRONG VAN DE GEMEENSCHAP DER BADOEJS.

De overlevering der voorvaderen vertelt aldus: heel lang geleden was er in 't land der Badoejs een ledig en eenzaam woud.

——————————

  1. Deze interpretatie is niet juist, kĕrta = krta beteekent hier rust en welvaart genietend, rame daarentegen, volkrijk, druk, levendig.
Tijdschr. v. Ind. T. L. en Vk., deel LIV, afl. 3 en 4.
4