Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/284

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

262

Malah di nagara Bantĕn ogeh harita kosong keneh.

Ngan kakara aja hidji doea djĕlĕma bae, noe sakti ngadon tatapa, hanteu tjara kiwari rea samarang djĕlĕma.

Barĕng keur mangsa mimiti ngislamkeun di tanah Djawa, nja eta di Padjadjaran, tjaritana eta ratoena teu daekeun islam, djeung doeloerna hidji aranna Poetjoek oemoen ngahiang ti nagara Padjadjaran.

Ladjoe eta ratoe ngagedog awak; ngadjadikeun roepa manoek beo, tĕroes maboer ka awang-awang hajang njiaran tĕmpat anoe soeni.

Beurang-peuting hanteu kĕdat-kĕdat angkatna.

Ladjoe bae ngalajang noöngan pitĕmpateun.

Ana nĕpi ka Bantĕn, nja eta ka nagara Tji-badoej tea, manggih leuweung soeni sĕrta batoena rea tarengtong, keusik-keusik araloes; djeung eta leuweung lĕga djasa.

Tilok aja noe ngeusian kadjaba satoa bĕrhala leuweung kajaning maoeng, badak, bagong djeung rea-rea deui oraj-oraj noe galĕde noe laleutik sapaneusining leuweung.

Di dinja ratoe deuk ngalĕrĕb[1] djeung doeloerna, noe ngaranna Poetjoek oemoen.

Teu kĕbĕl, ana ngalongok ka beh lĕbak, aja waloengan gĕde, tjaina bĕrĕsih djasa.

Ladjoe diana mandi di dinja.

Ana mandi ratoe leungit djamangna noe roepa beo teh, gilig deui roepa manoesa.

Ladjoe eta tjai dingaranan Tji-beo nĕpi ka kiwari.

Sanggeusna mandi, ladjoe poelang deui kana tĕmpat noe rea batoe djeung keusik tea.

Di dinja koe ratoe dingaranan Tji-keusik, sĕrta tarĕtĕp ratoe djeung doeloerna mabakan.

Mana ngaran Tji-keusik nĕpi ka kiwari, nja ti mangsa harita tatkala ratoe mabakan.

Ari eta ratoe, tjaritana, toeroenan ti sawarga loka, ngaraton di Padjadjaran.

——————————

  1. rĕrĕb.